Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

maneh, istri mah kedah disenangkeun, kedah ditangtayungan ku pameget, kedah jadi ratu rumah-tangga, tampi senang, tampi linggih di bumi .................. Omong kosong! Hakekatna mah sikep sarupi kitu teh ngahinakeun urang sadaya, kaom wanita! Nganggap hengker ka istri, nganggap lindeuk, nganggap bodo belegug, nganggap teu tiasa usaha, nganggap heureut deuleu pondok lengkah.”

Nyi Kuwu ngalenyap asa ditonjok iga. Ceulina bareureum, hatena panas lir direrab, ngarasa diunghak ku budak ngora pantar Esih. Ka sasaha Nyi Kuwu teh tukang ngomongan, ka sasaha oge Nyi Kuwu teh tukang ngarapihkeun, sarta ku sasaha oge biasana mah Nyi Kuwu teh digugu. Tapi kakara harita manehna dilalangkungan ku budak ngora. Kakara harita manehna rarasa diunghak, dilawan ku budak awewe.

Sajongjongan mah Nyi Kuwu teh teu bisa ngomong nanaon. Biwirna ngan uplak-aplek siga nu teu bisa nyarita lantaran ratug. Ari Uwa Ita jeung Bi Arni, indungna Esih tea, ngan ukur arolohok, rehna teu nyana Esih baris ngomong kitu, teu nyana Esih baris wani ngalawan ka Nyi Kuwu anu dihormat ku salembur. Tuluy tiluanana malencrong ka Esih, malah Uwa Ita mah mencrongna oge bari ngusapan dada jeung istigpar sababaraha kali sajeroning ati. Ari Esih anu dipencrongna, taki-taki deui nyusun kalimah pikeun nandeskeun pamadeganana.

Samemeh nu sejen sempet nyelang nyarita pok Esih nyarita deui, leuwih anca jeung leuwih anteb:

„Palih mana dimulyakeunana istri teh? Mung basa wungul! Hakekatna mah didamel budak. Diringkus bari diutuh-etah! Dirampas kamerdikaanana! Kawengku ku kudu! Kapurba ku parentah! Mun teu kitu, didamel boneka cocooan! Didamel gula-gula! Didamel amis-amis! Didamel papaes rumahtangga! Ratu? Ratu rumahtanga? Justru, eta teh panghina anu karasa ku abdi mah. Panghina ti jelema anu nganggap yen istri mah henteu bisa macakal sorangan, panghina ti jelema anu nganggap yen istri mah hirupna gumantung ka lalaki!”

Beungeut Nyi Kuwu nepi ka beureum geuneuk. Biwirna ngeleper, hayang pok-pok nempas bari nahan amarahna. Uwa

51