Ita jeung indungna beuki olohok, sungutna caralangap jeung gogodeg, sabot Esih nyarita teh. Ngan bapana anu diuk di tepas wungkul nu ngagelenyu imut leleb teh.
„Mangga, palih mana mulyana? Palih mana senangna?” Cek Esih ka Nyi Kuwu siga anu ngahaja nangtang pasea.
Hate Nyi Kuwu beuki tambah ngentab-ngentab nyeuneuna. Harita mah leuwih’ti ngarasa diunghak ku budak, tapi asa ditincak hulu. Biwirna beuki ngeleper, rek ngomong hese pok awahing ku sesek angen. Samemeh Nyi Kuwu nyusun piomongeunana, Bi Arni geus ngagarawak manten nyarekan Esih bari molotot.
„Esih! Ku naon maneh teh jadi wangkelang kitu? Diajar ti saha sia teh, make wani-wani ngalawan ka Bi Kuwu?”’
Tapi Uwa Ita anu hayang ngarapihkeun buru-buru nempas: „sabar Arni, sabar. Ulah rek ngerasan budak. Budak mah hampuraeun kolot,” omongna bari mencrong ka Bi Arni.
Esih rek nempas deui, tapi kaburu kapiheulaan ku uwana:
„Yeuh Esih, bisi teu nyaho mah, Pangeran teh geus marentahkeun ka ummatNa, yen lalaki teh kudu mingpin awewe. Kangjeng Nabi oge geus ngajentrekeun, yen lamun anjeunna wenang miwarang jelema sujud ka jelema deui, anu baris dipiwarang sujud teh awewe ka salakina. Naha maneh rek basangkal mungpang dawuhan Pangeran jeung Kangjeng Nabi?”
Esih buru-buru nempas, siga anu sieuneun kapiheulaan. Nyaritana beuki tandes teu kapalang.
„Pangeran oge parantos ngadawuh, yen istri sareng pameget teh dipidamel tina dat anu sami. Dawuhan Pangeran keneh, yen istri teh gaduh hak-hak anu sami sareng kaom pameget.”
„Enya, kitu, teu salah.” Cek Wa Ita deui.” Tapi regepkeun omongan uwa, da uwa teh can anggeus nyaritana oge. Saur Kangjeng Nabi, bojo anu saleh teh mangrupa harta anu pangmulyana pikeun lalaki, Naha maneh make nyebut yen ngamulyakeun awewe teh hakekatna mah ngahinakeun? Bisa jadi ari kamulyaan anu palsu mah, nyaeta lamun awewena henteu soleh, atawa duanana henteu saleh. Cek uwa mah, sualna dina ngalaksanakeunana. Geura nya, dawuhan Pangeran, awewe teh jadi pakea