pikeun salakina, nya kitu deui lalaki teh jadi pakean pikeun pamajikanana. Cek saha henteu adil? Ngan urang, manusa kudu pisa ngalampahkeunana. Naha make nyebut awewe mah budak, cocooan, gula-gula sagala rupa? Eta mah maneh wae anu ngahinakeun.”
Nyi Kuwu jadi leler hatena. Amarahna ngurangan, sanajan henteu sirna kabeh oge. Manehna ngarasa dibela ku Uwa Ita. Tapi Esih pok nembalan deui:
„Tangtos wae uwa, agama mah ngabela malah ngajungjung ka istri teh. Abdi oge gaduh pamadegan kitu teh ku margi ngaraos dibela ku agama. Saparantosna ningal conto seueur istri anu karampas kamerdikaanana, ningal pameget anu murbawisesa, ningal istri anu tumut sumerah kana kakawasaan salaki, dikerem di imahna, ngan sirikna teu didamel bujang saumur-umur, ningal...”
„Ke heula, ke heula!” Nyi Kuwu megat kalimah. „Sabar Esih, geura pikir heula masing lantip. Kahayang maneh kaharti ku bibi. Maneh teh hayang senang, embung dihinakeun ku lalaki, hayang merdika, embung dikungkung di dapur. Pikir heula, henteu kabeh lalaki kitu. Nya kitu deui Udi, cek bibi mah moal nepi ka kituna. Lantaran budakna bageur, katurug-turug loba bandana. Anu karampas kamerdikaanana jeung anu hirup lir jadi bujang saumur-umur mah, tangtuna oge jelema anu ripuh hirupna, anu henteu cukup banda-pakayana. Tapi Udi mah apan katenjo ku maneh oge. Tah nya ku sabab kawin ka Udi, maneh baris ngarasa senang, baris dimerdikakeun, moal cara awewe sejen anu kudu jadi kuli, kudu milu buburuh ngabedug. Maneh mah cukup ku ngurus rumahtangga wungkul, mgurus budak lamun geus boga anak, beberes di imah, beberesih, sangkan salaki betah di imah. Teu kudu mikir sandang teu kudu mikir pangan ...... ”
„Kolonial, peodal,” cek Esih megat kalimah.
„Hah?” Cek Nyi Kuwu anu kageteun lantaran teu nyangka Esih baris ngabantah deui. Sarta bari cengkat tina waton dipan, pok manehna nyarita deui bari nembongkeun kajaheut hatena: