„Naon cek maneh teh Esih? Naon? Make mamawa kolonial sagala? Bibi mah ngan ukur mere bongbolongan, sugan kaharti ku maneh. Teu rek maksa, da ku agama oge dipahing maksa mah. Atuh ari teu katarima mah kajeun, teu naon-naon, da bibi mah teu boga wewenang. Daek nyarita kitu oge bubuhan diteang dipenta bongbolonganan wae ku kolot maneh. Jeung bubuhan ngarasa jadi barayana ongkoh, da mun ka deungeun-deungeun mah moal daek ieuh bibi teh. Cindekna mah, katarima sukur, teu kajeun.”
Indungna geus rek ngagarawak deui nyarekan. Ngan Uwa Ita kaburu miheulaan:
„Esih, maneh teh teu kudu nyarita kasar kitu sanajan pinter jeung perceka oge. Kudu asak jeujeuhan jelema mah. Ke heula, balik deui kana pikiran maneh. Geuning kahartina ku uwa mah maneh teh siga geuleuh ka lalaki anu cek maneh murbawisesa, ngarampas kamerdikaan awewe. Jadi, mun kitu maksudna teh moal kawin saumur-umur, lantaran hayang merdika tea? Lantaran embung diparentah, embung nurut, embung cicing di imah tea? Kitu lain, maksud maneh teh?”
„Ah, sanes!” Tembal Esih. „Mung, satungtung sikep lalaki kitu keneh, satungtung adat kolonial jeung peodal masih keneh rek dibawa kana rumahtangga mah, abdi moal daek. Ari kawin, da abdi oge manusa biasa, tangtu wae niat mah gaduh.”
Bapana di tepas ngagelenyu deui imut sorangan awahing ku kagugu.
„Kumaha ari Udi?” Cek Nyi Kuwu nyelang deui. „Naha geus kasawang baris ngarampas kamerdikaan? Naha geus kasawang baris nganggap bujang ka maneh? Da cek bibi mah, sagala banda-pakayana teh keur saha deui, iwal keur maneh. Geura nya ....”
Esih nampas: „Tangtu wae da bogoheun. Tapi coba lamun henteu bogoheun, coba lamun abdi goreng rupa, moal teu ngekesek ngagawekeun beurang-peuting. Moal teu ngajajah murbawisesa.”
„Enya tapi apan ka maneh mah moal kitu, da bogoheun. Naha make ngabandingkeun ka nu lian?” Cek Nyi Kuwu deui.