„sumuhun, naon hartosna eta teh? Hartosna, manehna teh daek kawin lantaran mandang rupa, mandang kageulisan. Lain abdi sombong. Tapi abdi mah beneran embung ngagunakeun rupa pikeun kapentingan banda, embung ngagunakeun rupa pikeun tujuan hirup.”
„Aeh-aeh, eta Esih. Maneh teh diajar ti saha, make pertentang pinter nyarita sagala?” Cek indungna anu weleh teu beak nya kaheran.
Bari unggut-unggutan di tepas bapana ngagelenyu deui. Dina hatena mah memang ngaenyakeun kana pamanggih jeung pamadegan anakna teh, sanajan bari ngarasa kasindiran oge.
Karetaapi ngadengek deui. Orok anakna Daswi tea, nga jerit reuwaseun bareng jeung ngarenjagna Esih. Pikiranana anu ngacacang ka lemburna mulang deui. Karetaapi ngendoran, reg eureun di halteu Jatibarang.