Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

8

AWEWE

„Rek nepi ka iraha katunggaraan awewe teh?” Cek Esih dina hatena waktu manehna mireungeuh Daswi bojona Ardita anu keur nyusuan orokna. Ku manehna dititenan, buukna anu subrag-sebrig, igana anu ragas, pakeanana anu rudin jeung orokna anu kuru tandaning henteu kaurus. Cacakan kakara boga anak hiji awakna geus ruksak. Komo lamun geus rendey nepi ka reuay mah. Sedengkeun salakina, istuning ngarasa geus cukup nyumponan kawajiban mun geus ngabalanjaan. Esih oge nyahoeun pisan kumaha kahirupan Ardita katut saanak-bojona di Jakarta. Sering pisan ku manehna kabandungan, katitenan, sanajan henteu nepi ka gemet pisan oge.

„Awewe!” Cek Esih deui dina hatena. „Naon sababna gumelarna ka dunya rata-rata nandangan beungbeurat jeung katunggaraan anu jauh leuwih beurat batan lalaki?”

Manehna ingeteun deui kana pagawean Daswi sapopoe. Jam opat peuting geus hudang. Tuluy naheur cai jeung nyadiakeun dahareun pikeun salakina. Beres eta, tuluy indit mawa nyiru jeung boboko bari ngais budakna. Manehna utrak-atrok ka imah

Bu Juju nyokot sorabi, buras, goreng oncom jeung rampeye. Ka imah Bu Iah, nyokot ketan urab, gemblong, onggol-onggol jeung kueh lapis. Tuluy gura-giru ka nu lianna deui bisi teu kabagean ku batur. Sanggeus pinuh sanyiru, ku manehna didagangkeun bari ngaleu sapanjang gang, ngasruk ka kampung-kampung, ngatrok ka saban panto nawarkeun daganganana. Mun halodo teu sabaraha beuratna. Tapi ninggang dina usum hujan, manehna kudu bebelekukan kana leutak anu jerona nengah bitis, bari huhujanan nepi ka rancucut, sarta orokna teu eureun-eureun kudu ngaganyel nyusu bari noroktok tiriseun dina aisan. Mun kabeneran dagangna laris, manehna bisa mulang rada isuk meueusan. Tapi lamun tiiseun, manehna kudu nongkrong di sisi jalan, Susuganan anu lalar-liwat barangbeuli. Manehna tara wanieun

56