balik, mun daganganana loba keneh, sabab jaba ti batina ngan saeutik teh, manehna kudu nyeri hate dicarekan ku nu barogaeun barangna.
Datang ka imah kudu wae sabada lohor paling gancang oge. Tacan nyangu. Tacan nyeuseuhan. Tacan beberes di imah. Tacan ngeureunan ngareureuhkeun sukuna anu paregel. Tacan Aah, awewe mah! Nepi ka tengah peuting, saban poe, beurang peuting, saumur-umur taya reureuhna.
„Tah, mo beda jeung jelema eta!” Cek Esih bari nitenan zwewe anu keur seseleke jeung nyeregel bari guruwak-gerewek newarkeun dagangan dina karetaapi. Sakitu hese-belekena, keukeuh wae dilakonan saban poe. Bakating ku naon? Sakeudeung deui ge tangtu balik. Tapi di imahna teh lain rek ngabaheuhay ngeureunan cara menak kolot, sabab pagawean sejen di imah geus ngadagoan. Sabab anakna geus barangkeakan uruseun. Sabab salakina geus calangap jeung nahan lapar ngadago dago dipangnyangakeun. Ah, ari awewe....”
Regeyeng karetaapi maju deui sanggeus hatongna ngadengek ngabejaan panumpang. Tukang dagang gura-gira mura panto, jatjut tarurun sieuneun kabawa terus. Panumpang recok keneh, sawareh ngarunyem keneh barangdahar, nu sejenna ngarelepus udud bari ngalobrol ita-ieu. Esih mah ngalangeu deui nitenan kaayaan lembur anu kaliwatan, anu ngan bisa katitenan sakolebatan-sakolebatan.
„Mangga dahar, Neng!” Cek hiji zawewe anu nya geulis nya ginding, nawaran dahar ka Esih. Manehna cara Esih diukna dina koper anu ditangtungkeun. Ngan koperna wae nu beda teh, da ieu mah koper kulit. Ti wangkid di Cirebon keneh eta awewe hayangeun ngajak ngomong ka Esih, ngan taya wae kasempetan najan padeukeut oge. Nya kakara harita manehna nyieun tanjakan.
Esih ngamanggakeun bari nganuhunkeun, pokna teh:,,Mangga, abdi mah parantos tadi." Tuluy manehna malik deui malaweung ka luar. Tapi awewe ana ginding teh ngajak deui ngomong bari nyapekna uman-imen nyopan-nyopankeun maneh.
„Nyalira wae ayi teh?”