„Ah, henteu,” tembal Esih. „Itu sareng pun dulur di lebet.”
„Bade ka Jakarta?”
„Muhun, bade ka Jakarta.”
„Di mana di Jakartana?”
„Di Galur,” tembal Esih deui.
„Teu tebih atuh ti ceuceu mah. da ceuceu oge di Tanahtinggi.”
„Jelema naon ieu teh, mang ceuceukeun sagala?” Cek Esih sajeroning ati. Manehna nyoba nginget-nginget bisi enya geus wawuh ti samemehna, bari nyidik-nyidik rarayna. Tapi lebeng manehna henteu ingeteun kungsi pajeueung, ngan asa-asa geus wawuh bae.
„Nilik kana rupana, pakeanana jeung paripolahna mah, siga kaasup kana golongan istri binangkit,” omong Esih sajeroning ati. „Ngan aya anu kaleuleuwihina, sipat halisna hideung teuing jeung kaciri tapak ngerikna. Atuh pipina jeung biwirna beureum teuing deuih. Tapi ku bisa mapantes pakeanana mah, boh kabayana boh sampingna, nya kitu deui karembongna, surup pisan jeung kulitna. Tapi ah, teu saringset, naha aya indit-inditan naek karetaapi bet gudubrah-gidibrih siga anu rek kaondangan?”
„Cepeng damel naon di Jakarta teh?”
„Ah henteu tangtos, mung satiasa-tiasa wae,” walon Esih tamba teu teuing. Sarta disambung dina hatena: „Na mandang naon ka aing teh, make basa lemes sagala rupa? Jeung naha bet tetelepek teuing nanya teh?”
„Ceuceu mah kana” ....teu kebat nyaritana da ngahuap heula. Dituluykeun bari ngagayem: .....„ayeuna mah kana dagang ngan etu puguh dagangna oge, da ayeuna mah sagala sesah geuning.”
„Dagang naon ceuceu teh? Cik abdi ngiring.” Tembal Esih deui mere hate.
„Nyaeta cek ceuceu oge apan henteu puguh. Kumaha parengna, kumaha usumna, biasa bae ngindung ka waktu.”
Ras Esih inget ka tatanggana, Ibu Emoh anu sok dagang satimu-timu teh. Aya dagang kaen, perhiasan, malah jual-beuli radio oge osok.