Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Teuing lantaran kagok ku meakkeun dahareunana, teuing pedah loba jelema anu ngareret, sajongjongan mah manehna henteu nyarita naon-naon deui, kalem bae barangdahar. Tapi pikiran Esih mah geus ngacacang miheulaan, leuwih cepet batan karetaapi:

„Teu sahijieun,” pikirna. „Naon saenyana harti awewe jaman kiwari? Di luhur kitu di handap kitu. Sakalieun bisa leupas tina gedogan, akibat sejen datang deui.”

Sanggeus nyekaan biwirna jeung ramona ku saputangan, eta awewe ginding teh nyarita deui ka Esih. Ngan nyaritana ayeuna mah lalaunan siga anu embung kabandungan ku jelema sejenna, pokna teh:

„Hirup ayeuna mah kacida susahna, geuning. Kitu soteh nu karasa ku ceuceu. Ayi mah tangtu moal ripuh cara ceuceu. Kumaha geura, saban poe ceuceu mah ngatrok wae neangan dagangan, aya ka palabuan Tanjung, aya ka Pasar Baru, ka Pasar Senen, ka Pancoran, weuh ngan sirikna henteu ka sakuliah kota. Atuh dina ngajualna, nya kitu deui. Malah leuwih susah, da kudu ngatrok ka saban panto, ka saban toko, nawar-nawarkeun dagangan teh. Ari beubeunangan, teu sabaraha, teu saimbang jeung kacapena.”

„sidik gede rahul ieu jelema teh,” cek Esih dina hatena. „Make nyebut teu saimbang sagala. Moal salah tukang tadah, tukang catut, ieu mangkeluk teh. Moal salah.... ”

Ras manehna ingeteun, anu tadina asa-asa teh. Manehna kungsi malah sering papangih jeung eta awewe teh, nyaeta anu sok natamu ka Ibu Emoh, tatanggana tea.

„Lah, biasa wae jaman ayeuna mah geuning. Piraku wae henteu terang mah. Nya eta, cek ceuceu oge kudu bisa ngindung ka waktu, mibapa ka jaman. Mun teu kitu mah lapur, moal bisa dagang moal bisa usaha. Da geuning, jaman ayeuna mah mun hayang boga pibatieun teh kudu loba saratna..... ”

„Di antarana, ngajual diri,” walon Esih sajeroning hate. „Nya ieu londok teh. Hirup marok-marokkeun maneh jeung kayaan, hirup mancalaputra-mancalaputri, minda-mindarupa

59