sanajan nepi ka jadi hina, lali ka pangaji diri, dapon meunang duit.”
Esih nungkup beungeutna sarta ngucap deui sajeroning ati: „Demi Allah! Manusa kiwari geus eleh ku kaayaan, ditangtukeun ku kaayaan. Hirup lolondokan, ngindung ka waktu. Mangkaning kaayaanana geus kacida ramijudna. Iraha maranehanana bisa manggihan deui dirina? Iraha maranehanana bisa ngarobah jeung nangtukeun kaayaan?”
„Mun teu kitu,” cek eta awewe satuluyna. „Urang teh moal bisa hirup, lantaran kairik-kaidek ku batur. Nu matak kudu guyub jeung umum, kudu ragab jeung mangsa.”
Dina hatena Esih rek nempas. Tapi hatong karetaapi kaburu ngadengek deui, tarik pisan jeung sababaraha kali deuih. Lajuna beuki tarik mengpengan, nepi ka pangeusina koclak kageunjleung-geunjleung.
Tetenjoan di luar asa kitu-kitu keneh. Padataran anu mayakpak mangrupa amparan jarami garing, paselang jeung pakampungan anu tingjarumpluk beh jauhna, sarta beh ditueunana deui pasir-pasir pasambung-sambung anu ngan ukur samar-samar teu pati bengras. Ngan hawana teu pati panas teuing, lantaran panonpoe beuki lingsir ngulon. Sarta sakapeung-kapeungeun reup iuh sajongjongan, mun kabeneran mega bodas liwat katebak angin nutupan panonpoe.
Panumpang jempling. Sawareh mah ngaralenggut nundutan, sawareh deui geus sarare nyangkere. Nu nyararing ngadaraweung, parahi ngumbar lamunan, parahi ngencarkeun pikiranana.
Esih nyawang deui ka luar, teu nolih ka awewe anu diuk gigireunana, nepi ka eta awewe teh jadi bingung. Manehna saenyana mah hayangeun keneh nyarita, ngan rumegag, dumeh Esih henteu enya-enya ngabandunganana. Nya tamba bingung, kusiwel manehna muka jingjinganana, nyokot jeruk dua siki. Nu sasiki dibikeun ka Esih, bari pokna:
„Mangga, raosan, amis geura. Lumayan landong lalieur.”
Mimitina Esih nolak lantaran eta ku tacan wanoh. Tapi ku sabab eta jeruk hayeuh wae disoro-sorokeun, nya tungtunna mah manehna oge daekeun nampanan bari nganuhunkeun.