Ieu kaca geus divalidasi
„Calik teh di Galur?“ Cek nu ginding ngajak deui nyarita.
„Muhun,“ tembal Esih teu purun.
„Atuh terang ibu Emoh, manawi?“
„Kantenan, da tatangga.“
„Aeh, apan ceuceu oge sering nganjang ka anjeunna.“
„Sumuhun, da abdi oge emut ayeuna mah, sok sering ningal.“
„Tah geuning. Engke mah langkung sering geura.“
„Linggih atuh ka abdi,“ tembal Esih deui.
„Mangga, tangtos meryogikeun ceuceu ge, ari parantos terang kieu mah. Kintun salam wae ka Ibu Emoh, ti Ceu Mimi, kituh.“
„Mangga,“ tembal Esih.
Karetaapi beuki mengpengan, siga anu sieuneun buriteun. Pangeusina beuki koclak.
61