9
KULAWARGA
Di Jakarta Esih teh matuhna di kampung Galur, numpang di imah Wa Umi, lanceuk bapana keneh. Ari imahna mah lain imah kaboga Wa Umi, tapi beunang nyewa. Kaayaanana basajan pisan, ngan rada gede meueusan. Nya mun seug dibandingkeun jeung imah tatanggana mah, kawilang tumaninah tur nyugemakeun oge.
Ari Wa Umi di Jakartana teh geus lila, geus aya welasna taun. Ti lemburna dibawa ku salakina anu meunang pagawean di kantor pausahaan dagang Tionghoa. Tapi salakina mah geus maot tujuh taun ka tukang sabada ngawinkeun anakna anu ngan hiji-hijina, nyaeta Nyi Ikah. Sabada ditilar ku salakina, Wa Umi henteu balik deui ka lemburna, lantaran hayangeun babarengan jeung anakna wae, anu harita geus jadi guru. Tamba nganggur manehna muka warung leutik, dagang betak-betuk samara dapur.
Ari anakna, Nyi Ikah tea, dikawin ku urang sebrang. Tapi lantaran Ikah ngarasa katipu jeung kabelejog, atuh jeung salakina teh gawena ngan pasea wae, pagetreng saban poe, bubuhan salakina kaasup kana golongan jelema nu nyalindung ka gelung. Teu kungsi sataun ngahijina oge. Basa Ikah keur kakandungan opat bulanna, salakina kabur teuing ka mana. Nya ku sabab ngarasa diteungteuinganan ku minantu, bapana gering parna nepi ka hanteuna pisan. Untung Wa Umi jeung Ikah dipaparin kakuatan ku Pangeran Nu Maha Kawasa, bisa ngarurus maneh, atuh Ikah bisa ngalahirkeun nepi ka salametna, malah anakna oge geus opat taun umurna, budak anu can nyaho di rupa bapana. Nya ti harita anak jeung indung jaradi randa.
Ikah angger jadi guru. Saban poe manehna indit ka sakola. Ti isuk jedur nepi ka tengah poe ninggalkeun anakna anu diasuh ku ninina. Ari manehna di sakola ngurusanan anak batur anu lobana sakean-kean. Manehna resepeun pisan maca buku, majalah