jeung koran, nepi ka manehna bisa ngabandungan kamekaran nagara katut pamarentahanana, bisa ngabandungan mekarna katut kabudayaanana. Di sagigireun jadi guru, manehna sok daek ilu-biung kana organisasi wanita, malah jadi tokoh anu didenge ku sarerea turta dipikaajrih pisan, lantaran buah pikiranan anu harade jeung pribadina anu kuat sarta kajujuranan anu dipercaya ku sarerea.
Nya ku manehna Esih sering dititah macaan buku. Nya ti manehna Esih loba narima pangaweruh. Nya ku manehna Esih diajar wawuh jeung ngabandungan kaayaan masarakat katut kabudayaanna. Nya jeung manehna deuih, Esih sering ilu-biung kana organisasi pergerakan wanita, sering milu rapat-rapat, sering milu kana usaha sosial, koperasi jeung sajabana.
Ku sabab saimah jeung Ikah turta daek campurgaul tea, Esih bisa paham kana perjoangan Dewi Sartika nu ditamplokkeun pikeun kapentingan martabat wanita, paham kana ajaran-ajaran Kartini anu geus ngahudangkeun kaom wanita, bisa ngarti kana ajaran-jaran Bung Karno dina bukuna Sarinah tea, nyaho kana hak-hak ajasi wanita anu dibela ku Islam, bisa wawuh jeung ajaran Olympe de Gouges — wanita Perancis anu revolusioner anu geus ngaluarkeun deklarasi hak-hak ajasi wanita, anu lantaran perjoanganana dituduh kontra revolusi sarta ditibanan hukum pati diteukteuk beuheungna. Manehna nyaho kana ajaran Condorect — lalaki anu ngabela wanita, nya kitu deui jeung ajaran-ajaran Mary Wollstonecraf wanita Inggris, Clara Zetkin, Rosa Luxemburg jeung sajaba ti eta. Manehna geus pahameun pisan, nepi ka lamun seug ditanya perkara Olympe de Gouges, sanajan Keur lulungu karek hudang sare oge baris bisaeun ngajawab.
Dadasar kapinteran jeung kapercayaan anu memang dipibanda ku Esih, ngalantarankeun manehna bisa tereh ngarti kana Sagala anu diwulangkeun ku Ikah jeung tereh paham kana eusi buku anu dibacana. Ngan lantaran ku kolotna dicarek, manehna henteu bisa neruskeun sakola sabada namatkeun SKP. Ku indungna dicaram indit ka mana-mana, kudu ulukutek wae di imah babantu ngurusanan, rumahtangga, bari diajar ngaput, olah-olah di dapur, pikeun „kasampurnaan istri”. Manehna