Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dicaram neangan pagawean, buburuh cara batur, lantaran kaayaan banda-pakaya kolotna memang henteu kurang, sanajan henteu lubak-libuk oge.

Tapi ti samemeh kawin oge Esih geus maksa indit ka Jakarta. Harita mah diidinan soteh bane wae pedah Esih nyebut hayang boga bawaeun kawin, hayang ulah dipangmeulikeun ku kolot, pedah nenjo conto babaturanana. Ku indungna ngahaja dititipkeun ka Uwa Umi jeung ka Ikah ngarah bisa diraksa didama-dama, bubuhan pangawak awewe matak pikahariwangeun kolot.

Ku Ikah, kapilanceukna tea, Esih teh dipangneangankeun pagawean anu merenah jeung pangawak katut pangabisana. Nya meunang pagawean jadi jurutulis di hiji kantor dagang Tionghoa, urut dunungan uwana tea. Meunang dua taun manehna digawe di dinya, eureun soteh pedah dititah balik ku indung-bapana basa aya panarik kawin ti Udi tea. Memang Esih jeung Udi teh bobogohanana mah ti wangkid keur babarengan sakola mula. Esih sadar jeung nyaho boga rupa geulis, sarta ngartieun yen Udi teh kasengsrem ku kageulisanana. Esih nyahoeun deuih, yen Udi teh anak jelema beunghar, sarta sakaluarna ti sakola bisa dagang makaya sorangan, dimodalan ku bapana. Manehna ngarti kana kahayang Udi, nyaho awewe anu kumaha anu ideal pikeun Udi, nyaeta awewe anu lungguh, anu bisa ngurus rumahtangga, anu bisa jadi „nini goah”, anu satia-tuhu ka salaki, jadi priyayi anu kudu linggih di bumi teu meunang ka mana-mana, anu... ah memang cita-cita Udi mah peodal jeung kolonial keneh. Tapi hal eta teh kahartieunana geus beh dieu, sanggeus manehna meunang piwulang ti Ikah, sanggeus manehna loba macaan buku ngeunaan masalah kaom Hawa, anu sanggeusna kaharti, tetela kahayang Udi teh henteu saluyu jeung cita-citana, henteu saluyu jeung anu diperjoangkeunana.

Dina karetaapi sakapeung manehna ngarasa gede dosa, geus jalir jangji sabada ijab-kabul. Manehna ngarasa gede dosa, lantaran geus ngawiwirang Udi anu dipista dielikan. Manehna ngarasa gede dosa, lantaran geus ngaburantakkeun usaha-usaha kolotna. Manehna ngarasa gede dosa, lantaran..... ah, sagala rupa anu henteu dipikahayang ti samemehna. Tapi anu matak kaduhung

64