Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

10

RANDA KABEH

Jam tujuh peuting karetaapi kakara asup ka Jakarta. Esih turun di setatsion Pasar Senen. Kota keur meumeujeuhna rame ku nu pelesir, nu dagang jeung nu baralanja. Lampu listrik baranang tanpa wilangan, cahyana ngempray ngelehkeun cahya bulan. Kota lir keur pesta cahya, nyugemakeun nu ngaliud jeung nu pabaliut sapanjang jalan. Kendaraan pasuliwer taya towongna, sakarepna-sakarepna. Nu daragang patinggorowok ngobralkeun daganganana. Nyaritana pabisa-bisa, rupa-rupa paripolahna, ngabibita nu barangbeuli.

Cat Esih unggah kana beca. Lajuna teu bisa gancang, kagok ku jelema anu ngaliud pagimbung jeung anu pabaliut teu puguh aturan sarta anu balawiri nyalebrang jalan. Palebah Pasar Poncol beulah kenca, Esih mireungeuh awewe anu rajeg narangtung, biwirna bareureum wedakna karandel, nu gumeulis jeung nu jalingkak, nu ngelepus udud jeung nu ngagakgak seuri bebas.

„Awewe!” Cek Esih dina hatena. „Awewe deui wae anu jadi wadal teh,” pikirna. Ngan nepi ka dinya pikiranan kaburu ngacacang ka imah, ingeteun ka Ikah jeung uwana. Sarta harita keneh kasawang ku manehna, uwana nya kitu deui Ikah baris nanyakeun Udi. Maranehanana baris karageteun, baris ngajenghok. Ngan teuing ngabenerkeun, teuing nyaralahkeun. „Ah, teuwerat teuing nyaritakeunana....” omongna sajeroning hate.

Sabot nyawang kumaha pijadieun engke di imah, becana geus anjog ka Galur. Jut manehna turun. Sanggeus mayar gura-giru leumpang mapay gang leutik bari ngajingjing koperna. Teu kungsi lila manehna geus nepi ka hareupeun panto imah. Hatena ngadadak rumegag, sarta ngadadak teu puguh rarasaan. Aya era, aya reuwas, aya sieun. Di dinya ngajanteng sajongjongan. Tapi tuluy kalawan henteu karasa deui manehna ngagorowok nyalukan anu di imah:

„Uwa! Uwa! Ceuceu! Ceuceu! Buka panto!”

66