Ikah norojol ti pangkeng. Bray mukakeun panto. Barang geus sidik manehna nyanghareupan Esih, teu antaparah deui gabrug ngarangkul, sarta pokna:
„Aduh, ieu panganten! Hanjakal teuing ceuceu mah teu bisa nyaksian. Kumaha? Mana Udina? Ku naon henteu bareng geuning?”
Esih malah jadi geugeumeueun lantaran tara-tara ti sasari dirangkul jeung disebut panganten sagala.
Uwana anu keur naheur cai norojol ti dapur, sarta pokna:
„Saha? Saha? Dedengean teh Esih?”
„Muhun, ieu geura panganten!” Tembal Ikah.
„Sukur atuh, ari salamet mah. Baeu ka dieu.”
Esih asup. Koperna mah dijingjing ku Ikah. Brek manehna ngabeubeutkeun biritna kana dipan.
„Laaahh, carape!” Omongna.
„Geuning, sorangan wae? Di mana atuh ari salaki maneh?” Cek uwana.
Esih teu nembalan.
„Lain tulus kawin teh?”
„Tangtu wae tulus mah,” tembal Ikah. „Moal enya henteu.”
„Lain kitu, naha atuh bet sorangan wae ka dieu teh?”
„Yah, engke atuh, cape keneh uwa!” Tembal Esih anu horeameun ditalek. „Itu wae tuh, buka koperna, ceuceu, aya oleh-olehan saeutik.”
„Heuheuydeuh, oleh-oleh panganten, nyah?” Tembal Ikah bari haripeut muka koper. „Euleuh mani dua bungkus. Euleuh kuweh malulu. Heuheuydeuh, kakaren panganten ieu mah!”
„Mana Nining?”
„Geus sare budak mah.” Tembal Ikah deui bari sok nembrakkeun kuweh dina dipan.
„Mun mawa lauk cai, Esih, uwa mah ngarep-ngarep wae. ” „Lah, hese mawana, ti dituna gura-giru, teu salse ari kudu ngala heula mah ongkoh.”
„Naha atuh make gura-giru?”
Esih teu nembalan, ngarasa salah ngajawab.
Kerewes, kerewes, Ikah jeung uwana ngadahar kuweh.