Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ikah diuk gigireun Esih siga anu embungeun paanggang. Tapi uwana mah ngaleos deui ka dapur, sarta pokna:

„Ke, uwa mah tanggung itu keur naheur cai.”

„Naha geuning jamedud panganten teh?” Cek Ikah ngagonjak.

„Laah, cape. Teu puguh rarasaan.”

„Kumaha? Geus ka sawarga? Emmhh, ari keur meumeujeuhna sono bet ditinggalkeun. Teu puguh ieu mah pangantennan teh.” Cek Ikah ngagonjak deui.

Esih teu nembalan, kalah ka camberut.

„Happy, lain?”

„Gandeng!”

„Emmmhh, nu kasep jeung nu geulis, moal teu papuket miyuni puyuh diadu.”

„Jew!”

„Dibeuleum-jagongkeun, lain?”

„Gandeng!” Cek Esih deui bari jeletot nyiwit tarik pisan kana pingping Ikah. Nu diciwit ngagurubug, cekleuk kabuhulan kuweh garing, oho-oho batuk sababaraha kali.

„Aduh, si bedul, na aya nyiwit kabina-bina teuing!” Esih nyerengeh seuri koneng.

„Ulah didongengkeun, bisi ceuceu maneh kabitaeun deui.” Cek uwana ti dapur.

„Aaaawww! Bisi kabitaeun cenah!” Tembal Ikah bari seuri marahmay.

„Engke wae ngadongengna mah, hayang mandi heula.” Cek Esih bari jung nangtung, tuluy mangku koperna ka kamar.

Sabada dalahar, kakara Esih nyaritakeun lalakonna, imeut pisan nepi ka taya nu kaliwat, sanajan mimitina mah rada asa-asa.

„Kagila-gila teuing! Bet saimah-imah jadi randa kabeh!” Cek uwana ngangres sabada dibejaan ku Esih. „Demi Allah, naon gara-garana atuh?”

Disambung ku Ikah: „Teu puguh, maneh mah bet ngalalakianan lalaki. Hayang ngajago? Eum, ayeuna mah jadi randa bengsrat, nyah!”

Esih teu nembalan. Hatena lumeok deui.

68