Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

11

TAOKEH

Ti barang ray beurang, jelema geus budal ti imahna, riab arindit ka pagaweanana. Ti saban gang murudul, ngaleut sapanjang jalan. Sawareh ngagarimbung ngaliud di sisi jalan ngadago-dago mobil anu mapagkeun. Nu maregat oplet rajeg di saban pengkolan. Meh saban kendaraan, boh beusna boh treukna, kitu deui kareta-api jeung trem kota, taya nu lowong, pinuh pajejel-jejel. Meh kabeh kaom buruh. Meh kabeh jelema anu rek buburuh nyiar duit.

Esih kaluar ti gang. Leumpangna rusuh kawas anu sieuneun kabeurangan. Erokna anu beureum jambu ngelebet katebak angin isuk. Nya kitu deui buukna anu dibuntut kudakeun katut ponina patingkerewis katebak angin anu reureundahan. Iwal ti mawa tas leutik anu dijingjing mah manehna henteu mawa naon-naon deui.

Nepi ka pengkolan Esih ngarandeg. Di dinya manehna ngajengjen megat oplet nepi ka aya jamna. Saban oplet anu dieuereunken, ku sabab geus parinuh teu aya anu daekeun eureun. Sedeng anu megat di dinya teh lain manehna sorangan, tapi mani ngaliud aya welasna, cukup pikeun tilu opleteun.

Beuki beurang beuki teu ngeunah hate, beuki teu ngeunah cicing. Risi bisi kabeurangan, inggis bisi dinaha-naha ku dununganana di kantor.

"Kacida teu ngeunahna digawe ngadunungan!" Omongna sajeroning hate. "Kacida teu ngeunahna diatur ku waktu. Waktu bisa ngahukum jelema. Waktu bisa ngarampas kamerdikaan jelema! Tapi waktu oge bisa nguntungkeun jelema deuih, nepi ka sakapeung mah jelema teh sok hirup gumantung ka waktu. Waktu bisa nangtukeun hirup. Waktu bisa nangtukeun kaayaan dunya! Wanci nu mustari, dibeberik ku saban jelema. Mangsa nu naas, ana disaringkahan ku sing saha wae. Tapi cundukna waktu tumibana mangsa, teu bisa diatur ku jelema anu hirupna gumantung ka waktu, muntang ka nangsa.”

70