Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sanggeus elat saparapat jam manehna kakara cunduk ka kantorna. Barang bray mukakeun panto kasampak dununganana, taokeh, geus numplek dina korsina, bari ngelepus udud surutu.

Esih manggut ngahormat, sarta pokna: „Hapunten, elat deui wae, jalaran sesah kendaraan.”

Saenyana mah alesan anu geus pikaboseneun, boh keur batur boh keur manehna sorangan. Tapi lantaran memang taya deui alesan, jeung memang saenyana kitu alatanana, manehna henteu ngasongkeun alesan anyar anu dikarang-karang.

Taokeh manggut bari imut sarenyu mere hate, tuluy ngelepus deui udud bari ngalenggak dina korsina.

Esih mukaan lomari jeung laci meja. Aya puluhna map ku manehna dikaluarkeun, tuluy ditumpukkeun dina meja. Sesana anu dina laci jeung dina lomari diberesan deui. Tuluy ditutupkeun kalawan tarapti pisan.

Taokeh angger ngalenggak keneh dina korsi. Surutuna anu ngelun teu lesot-lesot. Harita taya nu nyarita sakemek-kemek acan. Di dinya, di kamar direksi, taya deui nu lian, iwal ti taokeh jeung Esih. Meja anu hiji deui kosong. Geus dua poe jelemana teu ngantor. Di kamar sejen para pagawe geus mimiti prak digarawe. Meh di saban meja mesin tik nerektek. Sawareh deui nu kotrat-kotret nulis jeung nu uleng ngitung angka. Najan kitu kasempetan pikeun heureuy mah aya wae. Sakapeung kadenge nu ngagakgak seuri, sakapeung deui kadenge sora awewe anu ngajerewet diheureuyan, atawa anu ngajerit aya nu nyiwit.

Sabot Esih ngungkaban map neangan hanca pagaweanana, jung taokeh nangtung tuluy ngalengkah ladang-liding di kamar teu puguh tujuanana. Nepi kana jandela manehna malaweung nyawang ka luar. Geus aya bulanna manehna ngarasa bingung. Geus puluhan rewu duit anu dikaluarkeun pikeun ngusahakeun sangkan manehna bisa meunang sababaraha rupa barang. Tapi nepi ka harita barang anu diarep-arepna teh tacan katarima keneh wae. Beh dieuna kakara ku manehna kaharti, sanggeus dibere conto ku babaturanana. Nya ti harita ras manehna ingeteun ka Esih, da pagawe awewe anu sejen deui mah eweuh anu kapilih.

„Isuk keneh di Jakarta mah geus hareudang bayeungyang,”

71