cek taokeh mimiti mancing deui Esih. Tapi Esih henteu ngawalonan, malah nembongkeun perhatian oge henteu.
„Ngeunahna mah moyan di Puncak, hareupeun villa bari ngopi,” cek taokeh satuluyna. „Saha nu teu rek ngarasa senang geura, paduduan, nyeuseup hawa seger, nyawang alam anu endah wanci haneut moyan di pagunungan...... Rek naon di Jakarta? Saban poe digawe jeung, digawe wae taya reureuhna, euweuh anggeusna!”
„Mangga atuh angkat”, tembal Esih. Tapi harita keneh Esih ngarasa hanjakal geus mere jalan ngawalonan.
Taokeh ngareret bari imut ngamanis-maniskeun maneh, sarta pokna: „Cek sayah oge hayu, urang babarengan. Apan geus sabaraha poe sayah ngajakan teh. Kumaha mun ayeuna geus sadia?”
„Ah, abdi mah sanes pernahna, sanes kedahna. Katambih-tambih apan ieu padamelan sakieu ngabrug-brugna. Sanes wangkelang sanes mungpang kana pangangken abdi mah, mung henteu kabujeng. Mangga wae sareng anu sanes.” Tembal Esih teu purun.
„Pagawean naon atuh Esih, geuning pagawean sakitu wae make dipake alesan? Keun wae teu anggeus ayeuna oge. Atuh mun memang enya matak ngarepotkeun, teu kudu jadi pikiran. Keun sayah oge bisa keneh ngangkat deui pagawe anyar pikeun babantu mah. Asal Esih purun wae”
„Sawios, cekap ku abdi oge padamelan mah, tangtos abdi oge tiasa marantoskeun dina waktosna.”
„Aeh ari Esih, urang mah tara kitu ka pagawe teh. Tara ngekesek ngabeuratkeun. Esih teh geus loba jasana sapanjang ngantor di dieu teh. Nya ayeuna”.......... cek taokeh bari nyampeurkeun ka Esih. „......... Nya ayeuna meujeuhna sayah nyenangkeun Esih. Urang pelesir, ngareureuhkeun kacape, neangan hawa seger anu matak sehat, neangan pamandangan anu endah, ulah ngotok-ngowo wae di kantor, da pagawean mah taya anggeusna, jol deui jol deui saban poe oge.”
Esih henteu nembalan, tonggoy milihan kertas tina map, neangan hanca pagaweanana.
„Kumaha Esih?” cek taokeh deui bari leungeunna ngaraga-