mang kana taktak Esih. Tapi harita keneh leungeun anu ngaragamang teh ku Esih dikeupiskeun. Malah geus rek pok pisan ngucapkeun: "ulah ngahina,” ngan teu kongang pok.
Reup beungeut taokeh jadi beureum. Tapi manehna henteu indit ti dinya, angger nangtung sideuha kana meja gigireun Esih. Sarta sanggeus rada leler deui hatena, pok manehna nyarita deui, ngan sorana rada negeleper:
"Esih, najan rek menta naon wae oge mo burung ditedunan, mun rek menta disadiakeun wae oge, mo burung disampakkeun, rek menta dianteur ulin ka mana wae oge mo burung diturutkeun. Hayang sabaraha poe lilana? Hayang nepi ka mana ulina? Mo burung diturutkeun. Keur naon sayah boga mobil jeung supir ari henteu digawekeun mah?”
"Abdi mah sami sareng supir,” tembal Esih. "Keur naon abdi digawe ari henteu digawekeun mah? Keur naon abdi jadi pagawe ari hade diajak ulin wae mah?”
"Ulah salah harti, Esih.”
"Henteu lepat ngartos, malah justru kahartos pisan. Naon saleresna anu dipimaksud ku taokeh, ku abdi kahartos pisan. Sareng ku margi kahartos, abdi nyarankeun langkung sae taokeh sasarengan sareng nu sanes wae, da abdi mah pagawe kedah digawe.”
"Rek nepi ka iraha boga pamanggih jeung pamadegan kitu teh?”
"Saumur-umur tangtosna oge,” tembal Esih.
"Esih, geura pikir. Mun seug Esih ngahajakeun ulin ka Puncak can tangtu meunang villa, can tangtu bisa nyewa mobil. Lain ngahinakeun, ongkosna mun ngahajakeun sorangan mah pikeun pelesir kitu teh moal cukup ku tilu gajiheun!”
"Kahartos, moal cekapna mah. Nanging da abdi mah sanes turis, henteu kabita ku pelesir anu ongkosna moal kabadanan ku abdi.”
"Ku sabab eta, ambeh henteu panasaran, ku sayah diajak. Bubuhan, sayah ngarti kana kahayang jelema, ngajak Esih teh.”
"Upami ngartos mah, cekap ku sakali ngajakna oge. Atuh salajengna kedah enggal ngartos, naon margina abdi henteu