Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

purun."

Taokeh teh beakeun akal, gura-garo teu arateul, ngadadak bingung leungiteun piomongeun. Nya tamba teu teuing bari ngalengkah pok manehna ngomong deui:

„Ditempoan ku sayah, sangkan enya-enya dipikiran.“

„Hatur nuhun“, tembal Esih.

Ti harita Esih beuki ngarasa teu ngeunah hate, mimiti teu betah di kantor anu pinuh ku pikacurigaeun. Digawena henteu bisa soson-soson, malah sakapeung mah sok samar rampa, teu nyaho naon anu kudu digarap. Jeung ku manehna oge geus kasawang, yen dina hiji mangsa manehna baris dipecat.

74