12
PERGERAKAN
„Huh, euweuh pisan kasadaran, euweuh pisan kamajuan! Kalah ka ngayakeun “Modeu sow”, siga geus euweuh deui wae garapeun. Ari ngaku-ngaku wanita moderen, ari alpukah bet kawas bodak ololleho!” Cek Ikah bari ngalungkeun majalah anu tas dibaca ku manehna kana meja.
“Naon ceuceu teh?” cek Esih anu keur nyulam taplak bari nyarande dina korsi.
“Eta Wanita Moderen, cenah rek ngayakeun modeu sow engke dina poe pangeling-ngeling Kartini. Pangrasana mah mun kitu teh geus berjoang, ngalaksanakeun cita-cita Kartini. Manasina organisasi teh keur pameran kaluwesan jeung kageulisan. Maneh oge nyaho apan, saha-saha anggota Wanita Moderen teh. Istri-istti pangagung oge teu kurang-kurang anu jadi anggotana.”
Cara sasari Esih sok cicing wae ngaregepkeun. Ngan mun manggih hal-hal anu henteu pikahartieun, kakara manehna sok daek nanyakeun.
“Ceuceu mah nya, taun tukang, geus pasea jeung ibu Amimah di sakola. Kieu alatanana mah: Ibu Aminah ngusulkeun dina rapat guru, sangkan waktu mieling Kartini murid-murid awewe kudu make kabaya jeung disaramping. Cenah sangkan barudak enya-enya darangdanna, enya-enya parapih-rapih, paluwes-luwes, urang ngayakeun pamilihan juara. Juara kabaya, cenah! Teu talangke deui, harita keneh gantawang ceuceu nyarekan: Cek ceuceu teh: Ibu Emin! Urang teh kudu bener-bener ngatik baruak! Kudu ngarti bener-bener kana naon sabenerna anu diperjoangkeun ku kaom wanita. Anu diusulkeun ku Ibu Emin teh saenyana mah racun pikeun barudak awewe jeung mangrupa sabotaseu kana perjoangan wanita! Nu diperjoangkeun ku kaom wanita teh lain pageulis-geulis, paluwes-luwes, paginding-ginding! Lain! Manasina tujuan perjoangan wanita teh pikeun neangan jodo!”