„Tapi beres make, rapih tur ginding oge perlu pikeun wanita anu sopan mah!” Walonna teh.
„Memang perlu! Tapi carana lain ku kompetisi cara kitu! Kompetisi anu ngalakukeun rasa sisirikan, rasa hiri-dengki, rasa sombong pikeun nu meunang, rasa nguluwut pikeun nu eleh. Cindekna mah racun pikeun barudak!” Cek ceuceu teh.
„Kumaha atuh tuluyna?”
„Nya tuluyna mah repeh walu teu minge deui.”
„Ari guru-guru pamegetna?”
„Basa ceuceu keur ngomong mah mani jempling. Panonna tingpureleng mencrong, sakapeung malencrong ka ceuceu, sakapeung ngareet ka Ibu Aminah. Barang ceuceu anggeus nyarita sarta Ibu Aminah henteu minge deui, ari ger teh keprok kabeh. Majar teh, hidup Ibu Ikah!” Puguh wae Ibu Emin mah tuluy jamedud, ngarasa eleh wewesen.”
„Ari dina prungna?”
„Tah tilu poe ti harita dina prungna mieling Ibu Kartini teh, kabeh barudak awewe mah marake kabaya jeung disaramping. Atuh nu teu barisaeun make jeung nu teu bogaeun pakeanana, era datang barolos. Keun da barudak ieu, tapi eta, harita teh sakabeh guru awewe marake kabaya jeung disamping. Ngan saurang anu dierok teh.”
„Saha?”
„Nya Ibu Emin, anu majar rek milih juara kabaya demi kamajuan wanita tea.”
Esih ngakakgak seuri ngéunah.
„Tuh nya, cek saha teu pikaroréheun. Kumaha bisana rek ngamajukeun kaomna, sedeng manehna sorangan teu ngarti naon ari kamajuan jeung naon anu keur diperjoangkeun ku kaomna? Rehe!”
Esih nuluykeun deui rencana nyulam taplak, Ikah nyaritakeun deui hiji kajadian di sakolana:
„Harita teh Bapa Inspektur pusat rek sumping ngadongdon ka sakola, pedah kalaporkeunna: sakola ceuceu pangmajuna di Jakarta mah. Méméh katatamuam guru-guru ngayakeun rapat heula, ngabadamikeun kumaha piprakeunna narima tamu engke.”