Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Na ari celengkeung teh Pa Agus usul. Cenah urang kudu milih murid awéwe anu petingan anu kudu dijieun barisan kahormatan, pikeun mapag tamu mun geus lungsur tina mobilna sarta ngajajapkeun tamu ti jalan nepi ka sakola. Harita keneh ku ceuceu teh didamprat: „Ulah ngahina awewe, Pa Agus! Ari maksud ngahormat tamu, geuning prakna rek ngahinakeun awewe? Lamun perlu ku barisan kahormatan, naha barudak lalaki henteu bisa dipake? Naha geuning make kudu masarkeun barudak awewe? Jeung naha henteu leuwih hade ngahormat ku cara nu sawadina wae, cara urang narima tatamu dines anu ilaharna?“

"Ana pok teh, cenah, ieu mah ngaranna oge usul, susuganan karujukan, pedah boga kahayang, hayang ngahormat ka dunungan, hayang ngareuah-reuah. Ditempas deui ku ceuceu teh: Najan ka dunungan urang henteu kudu masarkeun barudak awewe! Malah najan ka raja jimbul oge teu kudu urang nyembah-nyembah menta hate! Peodal cara kitu teh!"

"Enya tuda, manasina awewe teh hirup pikeun baktikeuneun!” Cek Esih deui nambahan. ”Malah ceu, ayeuna anu katitenan ku abdi mah aya gejala-gejala goreng ti kalangan redaktur majalah panglipur. Nyaeta nganggap awewe jadi papaes dunya, nganggap awewe jadi mahluk anu panghadena didagangkeun. Geura nya, sabaraha majalah panglipur saban medal make gambar jilid awewe! Awewe anu geulis tangtuna oge, anu rupana bisa dijual! Anu rupana dipikaresep ku umum, malah teu pamohalan dipikabogoh! Cek saha henteu ngahinakeun awewe, eta redaktur anu boga "kawijaksanaan" kitu teh? Sabab hakekatna mah sarua bae jeung nganggap yen awewe mah barang dagangan anu panglarisna! Nya kitu deui sikep ngahinakeun awewe teh nyangkaruk di sawatara jurupotret jeung jurugambar. Majar maneh kagum ku kageulisanana, muja-muji, hakekatna mah ngahinakeun!”

"Bener kitu,”tembal Ikah. "Jeung matak teu kahartina teh eta awewe jinisna, awewe, bet daek wae didagangkeun ku batur. Tapi pedah lain saeutik awewe anu ngarasa agul dumeh potretna dipasang dina majalah teh. Indungna oge milu agul! Agul mamerkeun rupana, agul nembongkeun kageulisanana. Eum!”

"Apan kaasup kana gerakan neangan jodo, gerakan

77