Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

struggle for man” tea. Buktina sok dimuat lengkep jeung ngaranna katut alamatna sagala.” Tembal Esih deui.

Ikah humandeuar sarta pokna. “Memang hese melakkeun rasa pangaji diri teh. Nya lantaran teu nyaho di pangaji diri, nu matak ngarasa agul dijual ku batur oge!”

“Jiga enya cek Guy de Maupassant, awewe mah korban abadi!” Cek Esih bari nuluykeun nyulam.

Ikah ngajenghok, ingeteun kana milik dirina. Ras manehna ingeteun deui ka salakina anu kabur teuing ka mana, anu geus mangtaun-taun teu beja teu carita. Ras deui inget kana pangalamanana waktu ngajuru, berjoang nyanghareupan sakaratul maut bari mumuntang ka Pangeran, sedengkeun salakina mah teu nyaho-nyaho. Sanajan hal ieu anu ngahudangkeun rasa pangaji dirina, sanajan hal ieu anu ngalantarankeun manehna boga cita-cita ngajungjung martabat awewe, tapi ari ras inget kana milik dirina mah, rasa sedihna, rasa ngangresna, sok kahudang deui.

Jung Ikah cengkat tina korsina, leos indit ka kamar. Dina ranjang, Nining, anakna anu can nyaho di bapa tea, keur ngepoh sare poho. Ngok ku manehna dicium palebah tarangna. Tuluy direngkolan, dikeukeupan kalawan geugeut pisan. Cipanonna ngarembes, nyuruluk kana bantal.

78