Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

13

TUAN NARTO

Uwana jeung Ikah sanggeus arampih ka kamar henteu ngelol deui. Ti wangkid dur isa hujan ngecek wae teu raat-raat. Najan kitu kaayaan mah tacan simpe. Di luar, tukang dagang mihgoreng masih keneh ngider mapay gang. Nya kitu deni tukang bandrek jeung tukang obat. Beh jauhna hawar-hawar kadenge tukang ngurut nabeuhan kolotok kalengna.

Esih nyulam keneh, henteu cengkat-cengkat tina korsina. Pikiranana sakapeung ngalayang ka mana-mendi, rus-ras inget kana kajadian-kajadian ngalayang anu geus kalarung. Kalawan jujur manehna rumasa, yen jero, jero pisan dina leuwi hatena nyangkaruk kahayang, hayang boga salaki jeung hayang boga anak.....

”Nepi ka kiwari can boga diji jelema geusan namplokkeun sakumna kacinta jeung kaasih,” omongna sajeroning hate. ”Pangeran geus ngagelarkeun manusa lengkep jeung kaasih katut kacintana. Tapi keur saha ieu rasa asih jeung rasa cinta anu dipibanda teh? Naha kudu disidem wae nepi ka paehna pisan?”

Ras manehna ingeteun ka Udi, popotonganana anu ditinggalkeun ka leniburna. Manehna nyoba nginget-nginget naha kungsi namplokkeun rasa kacinta jeung kaasihna ka Udi. Tapi lebeng teu inget saeutik-eutik acan. Sabab memang tacan kungsi. Ti samemeh kawin ngan aya dua hal anu karasa, nyaeta dirina jadi awewe jeung Udi jadi lalaki, anu cenah baris ngahiji lamun gaeus kawin. Ngan perasaan eta wungkul anu kungsi kapibanda enggoning nyanghareupan Udi teh. Sarta satuluyna, sanggeus deukeut kana wancina kawin, manehna kakara bisa nempatkeun di palebah mana sabenerna pangajen Udi. Udi tetela lain lalaki anu dipikahayang ku Esih, anu satuluyna ngan jadi hiji lalaki anu pikarunyaeun!

”Naon anu dipibanda ku Udi, salian ti banda pakaya kolotna?” Omongna deui sajeroning hate. ”Pribadina kacida hengkerna. Manehna muja kageulisan, bogoh ka aing lantaran kagum ku

79