kageulisan aing. Pikarunyaeun! Kumaha rek bisana ngawangun rumahtanggana lamun make dadasar rasa karunya? Padahal sikep mikarunya lalaki teh hakekatna mah panghina pikeun lalaki.”
Ras deui Esih ingeteun ka kantorna, inget ka dunungan nu ngajak wae pelesir ka Puncak. Lain sakali dua kali wae manehna diolo turta dibibita, sangkan daek milu pelesir. Tapi ti barang mimiti oge Esih geus bisa ngarti, naon hartina. Kiwari manehna geus teu ngarasa betah deui digawe di kantorna, sabab saban-saban asup ka kantor rasa kaceuceub jeung kaijid enggoning nyang hareupan dununganana teh tilem-timbul wae dina hatena.
”Di imah, aing geus bisa mibanda kamerdikaan, lantaran cicing jeung jelema anu sarua ngarti jeung nyaho di kahayangna sewang-sewangan. Tapi di kantor, jaba ti jadi buruh anu dititah diparentah ku dunungan teh jadi obyek nu dihinakeun deuih. Lain aing embung digawe, sanajan sakumaha beuratna oge yen kadada-kaduga keneh mah aing daek, asal bener digawe kalawan merdika, pinuh ku tanggungjawab, lain diatur ku parentah anu taya reureuhna. Sualna, di dunungan anu henteu mikeun kapercayaan jeung tanggungjawabna ka para pagawe, sarta para pagawena disagigireun buburuh teh ngarasa yen maranehna digawe lain pikeun kapentingan umum, tapi keur kapentingan hiji jelema, kapentingan taoker! Kabeh ngarasa kapaksa lantaran butuh ku upah, ngan sigana henteu kabeh ari ngarasa bubujang ka taoker mah ......”
Ras manehna ingeteun deui kana kajadian kamari ieu di kantorna, anu tacan dibejakeun ka sasaha lantaran ngabaud kahormatan dirina. Harita teh geus beurang, geus leuwih ti pukul dua welas jol aya tamu ka kamar direksi. Ku taokeh eta tamu teh dibageakeun pisan, ditarima kalayan hormat jeung marahmay da memang lain jalma anyar pinanggih. Tapi kumaha obrolan jeung babadamian satuluyna ku Esih henteu kabandungan, da puguh manehna keur nyanghareupan pagawean deuih. Ngan sakapeung-kapeungeun kadange ku manehna nu seuri ngeunah ngagakgak babarengan, sakapeung deui tingkecewis siga anu nyaritakeun rasiah anu teu beunang kadenge ku nu lian jeung seseringna mah anu kadenge teh jumlah duit anu mangjuta-juta lobana. Ngan ku sabab henteu kabandungan kabeh tea, Esih henteu nyahoeun