Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kumaha leunjeuranana nu jadi perkara.

 Mimitina mah Esih teu nyaho deuih, naon sababna pangna taokeh tuluy kaluar ninggalkeun Tuan Narto. Jeung memang harita mah Esih teu nyangka aya naon-naon, disangkana mah rek ka kamar urusan tata usaha wae cara sasarina.

 Ti dinya Tuan Narto anu gendut jeung didasi teh nyampeurkeun ka Esih, sarta kalawan henteu asa-asa bari sura-seuri pok manehna nanya:

 "Kumaha wartosna, seus?"

 Esih ngamanis-maniskeun maneh, sarta kalawan marahmay cara sasarina ngahormat ka tatamu, pok manehna ngawalonan:

 "Pangestu", walonna, "Geuning tos lami nembe katingal deui ka dieu?"

 "Hahahaha, biasa wae raripuh ku padamelan!" Cek Tuan Narto bari tumpa-tempo kana buku anu keur disanghareupan ku Esih.

 "Ngadamel naon ieu teh? Geuning getol-getol teuing."

 "Ah biasa wae padamelan sadidinten, teu aya seepna," walon Esih bari imut sarenyu nembongkeun kempot pipina.

 "Kumaha seus, sok pelesir ka mana ari tas didamel teh?"

 Kalawan henteu boga pikir rangkepan pok Esih ngawalonan:

 "Ah, pelesir ka mana atuh, bujeng-bujeng tiasa pelesir, rarepot wae sadidinten oge."

 "Ih, peryogi atuh ari pelesir mah, ambeh awet anom," cek Tuan Narto bari leungeunna ngagaramang kana taktak Esih.

 Nya harita Esih ngarasa curiga, sarua jeung ngarasa curigana ka taokeh. Sarta kalawan henteu mikir panjang deui buru-buru ngeupiskeun leungeun Tuan Narto ku leungeun kencana.

 Tapi Tuan Narto mah teu riuk-riuk, malah pok deui ngolo:

 "Perlu ari pelesir mah. Keur naon urang teh digawe wae kacape-cape." Sarta bari ngaragamangkeun deui lengeunna kana cangkeng Esih manehna nyarita deui: "Mangga wae sareng ....... akang!"

 Leungeunna ku Esih dikepeskeun deui rada tarik meueusan nembongkeun kateusukana. tapi Tuan Narto kalah ka nyedekkeun hayang diuk babarengan sakorsi jeung Esih. Tangtu wae Esih buru-

81