Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

buru cengkat. Ngan memeh ngajengkat indit, leungeunna anu lemes teh dijewang ku Tuan Narto.

 "Ke heula, urang sareng calikna di dieu!" Cek Tuan Narto bari imut ngamanis-maniskeun maneh. Engke urang pelesir sasarengan nganggo mobil akang."

 Sataker tanaga Esih ngabetot leungeunna nepi ka bisa lesot. Beungeutna bareureum awahing ku ambek. Tuluy manehna ngajengkat ti dinya sarta pokna: "Ulah disamikeun sareng nu sanes abdi mah."

 Teu kireum-kireum Tuan Narto ngawalonan: "Tangtos henteuna mah atuh, piraku wae. Apan ku akang disayagikeun mobil, disayagikeun villa di Puncak, atuh bade teras ka Pangandaran hayu, bade teras ka Bandung hayu. Teu kedah hawatos, cekap ongkos mah, malah langkung ti cekap."

 Esih beuki keuheuleun. Pok manehna nempas deui bari nyarande kana lomari: "Upami ka nu sanes Tuan Narto tiasa sasauran kitu. Teu kedah papanjangan, abdi parantos ngartos."

 "Nya ulah bendu atuh, sawios ari henteu kersa ayeuna mah. Ke deui wae ka payun, da sanes mung sakali bade patepang teh." Cek Tuan Narto bari muka loketna. Sarta bari sok nunda duit rebuan sababaraha lambar manehnya nyarita: "Ulah henteu, ieu mah tampi, lumayan bilih aya keperyogian. Sanes ngahinakeun, kalawan rido pisan."

 Tapi samemeh Esih ngawalonan. Tuan Narto geus permisi manten bari terus mukakeun panto kaluar.

 Esih molongo wae hookeun sajongjongan mah. Ngadadak ngarasa bingung, teu nyaho kudu kumaha nya polah. Panonna mencrong kana duit anu ditinggalkeun ku Tuan Narto dina meja tea. Tapi manehna keukeuh henteu ngarasa dibere duit, henteu rumasa meunang rejeki. Sakapeung hayang buru-buru nyusul mulangkeun eta duit, tapi sakapeung deui boga niat rek disimpen bae sarta baris dipulangkeun engke lamun Tuan Narto datang deui.

 Sanggeus hatena rada leler, eta duit teh dicokot tina mejana. Memeh diasupkeun kana laci, diitung heula, aya salawe lambar, salawe rewu rupiah, anu harita mah mun seug dibandingkeun

82