jeung gajihna teh lima kalieun: Tapi barang rek diasupkeun kana laci mejana, ras manehna boga sangkaan goreng bisi kanyahoan ku Taokeh anu pasti baris ngagujrudkeun mun seug kanyahoan mah.
Kagaruwahkeun ku tukang baso anu liwat hareupeun imah, pikiran Esih anu kumalayang teh karumpul deui. Hujan angger ngaririncik sanajan henteu pati gede oge. Nepi ka teng lonceng sapuluh kali, Esih tonggoy keneh nyulam bari ngencarkeun deui pikiranana.
“Salawerewa!” cek Esih dina hatena basa ingeteun deui kana duit pamere Tuan Narto tea anu disimpen dina mejana di kantor. “Piraheun teuing boga duit sakitu lobana lamun teu aya nu mere atawa teu meunang lotre mah. Ku duit sakitu saenyana bisa meuli naon-naon, bisa nyumponan sabagian kahayang nu tacan kalaksanakeun. Ku duit sakitu saenyana bisa meuli pakean anu aralus, atawa bisa meuli kalung sapuluh gram mah. Mun bisa meuli anu, bisa meuli anu, meureun moal rudin teuing sapopoe teh, moal era teuing ari milu nungkulan riungan-riungan teh. Tina gajih kiwari paling-paling bisa nyesakeun duit limaratus sabulanna, eta oge mun bari tipepereket. Jadi mun hayang salawe rewu teh kudu nyengcelengan lima puluh bulan. Opat taun! Ieu mah sakali narima sakitu teh. Mangkaning tangtu lain sakali dua kali baris dibere duit anu sakitu lobana teh....”
Esih jadi leah hatena. Manehna geus ngawangwang baris bisa midang gandang-ginding. Manehna geus ngawangwang baris leuwih geulis batan ayeuna. Sarta kasawang deuih, bisa pelesir ka ditu ka dieu jeung Tuan Narto dina mobil sedanna ka Puncak.... Heueuh, padahal mah tacan kungsi nganjrek di Puncak teh. Jeung piiraheun teuing aing bisa nganjrek di Puncak, lamun euweuh nu mawa mah! Nya kitu deui ka Pangandaran, ka Malang, ka Bali. Iraha atuh aing bisa pelesir ka mana-mendi? Piraku cukup ku ngan nyaho bejana wungkul mah!”
Hujan ngaririncik keneh. Di luar beuki tiiseun. Uwana, nya kitu deui Ikah, geus ngageubra sare, tapi Esih mah angger ngencarkeun pikiran jeung lamunanana. Nyulamna teu kaur anggeus, sering salah ku dibawa ngalamun.
”Tapi kumaha ngajawabna ka Tuan Narto? Mun ngamangga-