Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/86

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

keun teh meureun disebut bangbung ranggaek. Jeung kumaha eta taokeh lamun nyahoeun? Apan manehna oge kungsi ngajak deuih.

 Nepi ka dinya pikiranana jadi buntu. Leungeunna anu usal-usel nyulam, eureun heula. Sok hancana dilesotkeun dina lahunanana. Tuluy bari nungkup beungeut ku dampal leungeunna manehna nginget-nginget deui anu kungsi kajadian di kantorna:

 "Harita aing nampik sapajo dogan. Naon sababna? Naon anu kapikir harita? Naon anu diucapkeun harita?"

 Ti dinya manehna ingeteun deui kana sagala anu geus diucapkeunana ka Tuan Narto, nya kitu deui ka taokeh. Tuluy ingeteun kana perjoanganana. Naha aing

 "Demi Allah! Apan eta teh panghina! teh panghina! kudu daek dibeuli ku duit sakitu? Naha aing kudu nyerahkeun raga sabungkeuleukan lantaran duit sakitu?" Omongna sajeroning hate. Sarta harita keneh kasawang ku manehna. Tuan Narto ngagadabah sakujur awakna. Kasawang deui kumaha lamun taokeh anu ngagadabahna. Esih bibigidigan, sarta nyarita deui sajeroning ati:

 "Paingan sok loba jelema anu lali ka pangaji diri lantaran kabengbat ku duit. Paingan loba pisan jelema anu cilaka lantaran duit. Paingan loba pisan palacuran. Sabalikna, paingan loba pisan jelema anu dimulyakeun lantaran kapandang loba duitna. Kawas heueuh duit wae anu nangtukeun hirup manusa teh!"

84