14
NU KONGKALIKONG
Cara sasari Tuan Narto natamuna ka kantor dunungan Esih teh tara isuk-isuk, tapi kira-kira jam duawelas beurang. Ngan beda ti sasari, harita mah barang asup ka kantor teh ngareret ka Esih heula, ngajak seuri bari manggut, sanajan taokeh keur aya didinya. Esih manggut deui bari imut. Sanajan manehna geus ngarasa ceuceuh, tapi ari nembongkeun pasemon haseum mah henteu, maksakeun maneh nembongkeun sikep anu manis turta marahmay.
Sabot Tuan Narto baradami, teuing ngabadamikeun naon jeung taokeh, Esih muka laci mejana ngilikan duit tea. Sareretan oge ku manehna kanyahoan yen duitna teh aya keneh, ngan teuing jejeg keneh henteuna mah. Geus kitu mah ku manehna diantep sina muka laci meja teh.
Tuan Narto badamina jeung taokeh henteu lila. Taokeh gura-giru kaluar kalawan henteu nyarita naon-naon. Ngan ari lengkahna mah siga rusuh anu dines. Nya sabada taokeh kaluar, Tuan Narto ngadeukeutan deui Esih bari sura-seuri ngamanis-maniskeun maneh cara sasari.
„Kumaha damang?” Omongna bari terus naleukeumkeun leungeunna kana meja Esih.
„Pangestu” tembal Esih bari angger tungkul nyanghareupan buku pagaweanana.
„Kamari ieu mah poe Minggu akang tas ti Bandung. Hanjakal, upami ngiring mah tangtos resep pisan.”
Esih teu nembalan, ngan ukur runya-renyu imut saeutik-saeutik bari tonggoy mindah-mindahkeun catetan tina buku leutik kana buku gede. Manehna teu daekeun neuteup ka tatamu, sarta rasa kajidna mimiti timbul deui.
„Lamun aing jadi pribumi, aing wenang ngusir,” omongna sajeroning hate.
„Bade iraha atuh ciosna ngiring sareng akang teh?”