Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Esih jadi sebeleun ngadenge omongan anu pikareheeun teh. Manehna balem wae henteu ngawalonan.

,,Atanapi, atanapi ....... masih kirang keneh manawi?" Kapaksa Esih teh nanya, lantaran bisi salah harti, pokna:
,,Naonna anu kirang?"
,,Eu, eu, eu, taeun, eta tea, anu kamari ieu ........"

 Kakara Esih ingeteun sarta ngartieun naon anu dipimaksudna. Teu antaparah deui geus kitu mah, duit anu dina laci meja teh ku manehna dicokot, tuluy disodorkeun ka hareupeun Tuan Narto, sarta pokna:

 ,,Mangga tah! Teu suka abdi mah! Manasina abdi teh tukang ngajual diri? Manasina abdi teh tiasa digaleuh ku pangaos sakitu? Ulah ngahina! Sanajan abdi jelema kekere oge teu hoyong dihinakeun mah!"

 Tuan Narto nyoro-nyorokeun duitna ka Esih. Jeung bangun anu reuwaseun pisan manehna ngawalonan satimu-timu:

 ,,Sanes, sanes eta maksad akang mah. Mangga ieu mah artos rawatan, geura tampi, estu rido pisan. Sareng, sareng, sareng ........."

 ,,Teu, teu suka, teu sudi nyigcrig!" Tembal Esih deui. Sabot kitu panto muka, taokeh asup. Manehna ngajanteng heula dina lawang, siga anu rumegag rek asup teh. Tapi Esih kalawan henteu mirosea dununganana ngagantawang deui, bari nangtung:

,,Panghina Tuan Narto geus cukup! Ulah nyoba-nyoba nambahan deui! Ulah nyangka istri bodo-belegug tiasa leah ku artos sakitu!"

 Tuan Narto calangap wae, hookeun, rehna teu nyana Esih anu disangka lindeuk teh baris bisa nyarita kitu. Da ari tadina mah geus kaduga, yen Esih baris beunang diolo ku duit sakitu. Sedeng taokeh anu harita tuluy diuk dina korsina ngan ukur gogodeg. Angenna ratug nahan amarah.

 ,,Barina oge, teu kedah sawenang-wenang ieuh sanaos janten pameget oge. Manasina awewe digelarkeun ka dunya teh pikeun parabkeuneun ka lalaki!"

 ,,Esih! Esih! Ka dieu!" Cek taokeh anu ngagidir nahan amarah.,,Teu pantes maneh nyarita kitu ka tatamu, komo ka

86