Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Tuan Narto mah! Tea inget kana papatah jeung parentah sayah? Kudu kumaha carana nyanghareupan tatamu?"

 ,,Kumaha tatamuna atuh!" Tembal Esih siga anu mangtang.

 ,,Ku sabab eta, maneh kudu leuwih hormat ka Tuan Narto!"

 „Geus, geus, geus!" Cek Tuan Narto ngarepehkeun bari mahan kaera. „Teu kudu papanjangan, taokeh! Urang bedokeun

 Ngadenge omongan Tuan Narto kitu, taokeh teh bener-bener jadi gugup jeung geugeumeueun. Manehna cengkat tina korsina sarta kalawan arapapeureupeup manya ka Tuan Narto anu keur mereskeun aktentasna:

 ,,Kumaha tuan? Eh, eh, eh, ke heula. Naon tea anu dibedokeun teh? Sanes, sanes.........

 ,,Naon deui atuh? Eta anu dijangjikeun ku sayah tea! Teu bisa ayeuna mah!"

 ,,Ke, ke, ke, galih heula wae atuh, galih heula. Ke oge ku abdi bade dipangusahakeun deui, anu langkung sae.........

 ,,Jadi, geus sakongkol nyah? Taokeh teh geus ngararancang ngajual abdi?"

 ,,Naon Esih, make pipilueun? Lain urusan maneh ieu mah! Montong pipilueun kana urusan batur!"

 Esih henteu bisa nempas deui, lantaran ngarasa hamham bisi salah harti. Manehna diuk deui, dina korsina.

 ,,Teu bisa, taokeh, teu bisa!"

 ,,Ah tuan mah. Apan sagala rupina parantos beres."

 „Cek taokeh beres soteh, da cek sayah mah aya nu penting pisan anu tacan beres. Ku sabab eta urang bedokeun wae!" Omong Tuan Narto bari ngaleos kana lawang rek bijil.

 Taokeh buru-buru mangtung, sarta gesat-gesut muru Tuan Narto.

 ,,Ke heula, antosan heula! Antosan heula sakedap!" Tapi Tuan Narto geus bjjil manten. Jeung ku sabab eta taokeh oge nyusul nepi ka luar. Naon anu dibaradamikeun deui ku manehna di luar, teu nyahoeun Esih mah. Sabot kitu, manehna mikiran omong taokeh anu bien.

 „Enyaan! Aing teh rek diwadalkeun ku si taokeh! Jadi, kabeh

87