Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

oge bajingan! Bangsat! Naon gunana aing digawe di dieu, ari keur kapentingan bangsat jeung bajingan wungkul mah?"

Taokeh asup deui. Gadona nyawet nahan amarah, beungeutna bareureum, awakna ngeleper, panonna molotot jilalatan. Barang mireungeuh Esih, garawak taokeh teh nyarekan:

,,Lantaran talajak maneh, kami geus rugi lima juta, nyaho? Saenyana maneh kudu ngagantian karugian kami! Esih! Naha bet kikituan? Naha geuning teu nurut ka dunungan? Keur naon jadi pagawe kami ari rek wangkelang mah? Naha make teu daek, teu pira diajak pelesir?"

,,Esih teu buru-buru ngawalonan. Taokeh lajag-lijig di dinya bari ngeupeul-ngeupeulkeun peureupna.

,,Coba lamun maneh nurut, daek ngahormat tatamu, daek ngalayanan kahayangna, kami moal rugi anu sakitu gedena! Ku naon maneh teh, ku naon?!" Cek taokeh deui bari ngagebrag meja dua kali.

,,Jadi, bener ari kitu mah taokeh teh rek ngajual sayah?" Cek Esih kalawan jiga anu nangtang.

,,Ngomong naon? Pigih! Pigih! Pigih ayeuna keneh! Geura mantog!"

,,Memang urang rek indit! urang teu hayang dijual-diwadalkeun ku deungeun! Urang teu hayang ngorbankeun diri keur kapentingan taokeh! Na dianggap naon urang teh kituh? Manasina pagawe teh kaboga dunungan!"

,,Tutup mulut! Buru-buru indit! Tuh cokot heula gajihna!"

,,Teu, teu hayang urang mah digajih ku duit kotor! Hanjakal, kakara nyaho ayeuna. Moal teu daroraka dunya-aherat!" Cek Esih bari ngajeblagkeun panto sarta tuluy ngajengkat indit.

Ti luar kadenge ku manehna sora meja digedor-gedor sababaraha kali. Baturna ti kamar tata usaha muru ka Esih sarta hariweus-weus nanyakeun aya naon anu rame-rame di kamar direksi.

,,Taokeh keur ngabudalkeun amarahna," tembal Esih. "Hayu ah, ceuceu mah rek balik!"

,,Na aya naon ieu teh?"

,,Ah teu naon-naon," tembal Esih deui."Nya lamun hayang nyaho hade-gorengna mah, kudu gawe di kamar direksi, ngaganti

88