Ieu kaca geus divalidasi
ceuceu.”
„Teu kaharti.”
„Engke oge kaharti,” tembal Esih deui bari terus ngaleos. Leumpangna rusuh, hayang buru-buru incah ti dinya.
„Kumaha carana ngaberesihan ieu dunya anu geus sakieu kotorna? Kumaha carana memeres ieu dunya anu geus sakieu ramijudna? Mun seug pangeusi dunya awewe kabeh, tangtu moal kieu kaayaanana teh!” Omongna sateroning hate. Sarta bari terus leumpang hatena nyarita deui: „Bibitna mah ngan hiji, nyaeta napsu mibanda. Nepi ka awewe oge kahayangna mah jadi bandana....”
89