Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

15
DIANJING-CAI

Geus tilu poe, Ardita salakina Daswi tea bulak-balik wae ka imah Esih. Mimitina mah ari ngawangkongna teh jeung Wa Umi bae nanyakeun itu-ieu, terus nanyakeun perkara Esih naha geus niatkeun boga salaki atawa henteuna. Mun kabeneran pajonghok jeung Esih, manehna sok sura-seuri kumasep bari ngoconan. Tapi nyanghareupan Ikah mah – sanajan Ikah randa oge – estuning tara nyarita nu lian-lian, iwal ti nyaritakeun kaberekahkan kulawarga. Manehna teu wanieun ngaheureuyan, malah hormat pisan, bubuhan nyahoan kalungguhanana jadi guru.

Dina sore anu kaopatna Ardita datang deui, ngajingjing rambutan sabengkeut jeung dukuh sakoronjo. Pakeanana beunang memeres, buukna disisiran dirapih, tapi mani lengket lantaran minyakna kandel teuing, jeung tarangna mani harerang lantaran minyak rambutan runca-rance.

Harita, di tepas imah Wa Umi teh keur karumpul, tiluanana kaopat anak Ikah aya kabeh. Tapi najan kitu oleh-oleh anu dibawa ku Ardita mah dibikeunna teh ka Esih bari sura-seuri lantaran agul bisa mangjajanankeun. Enya ari pokna mah kanggo sadayana cenah, lumayan tambah lalieur.

Puguh wae Esih anu harita teu boga pikir rangkepan mani giak dibere rambutan jeung dukuh teh. Bari seuri marahmay manehna nganuhunkeun, sarta harita keneh oleh-oleh teh dipurak, dibagi-bagikeun ka nu ngariung.

„Naha geuning henteu jeung indung budak ka dieu teh?” Cek Wa Umi anu sok nanyakeun kulawargana saban pajeueung.

„Ah raridu di jalanna, manasina deukeut. Henteu salse ongkoh babakuna mah. Ke wae ari geus salse rek ngahajakeun saimah-imah.”

„Heueuh. Wararas tapi?”

„Berekah,” tembal Ardita deui.

90