„Iraha rek ka lembur deui, Ka Endit?” Cek Esih bari mesek rambutan.
„Ka lembur? Wah tacan ngarancang ieu,” walon Ardita. Sarta siga anu manggih kasempetan manehna nyambung deui; „Hayu ketah, ari rek ka lembur mah, iraha wae urang babarengan.”
„Huh, kuring mah teu boga ongkosna. Ke wae ari rek lebaran meureun.”
„Ah, percaya, da duit mah apan tara kongkorongok ieu.”
„Eh, ari kaka, make teu percaya!” Walon Esih deui.
„Heueuh, manasina siga maneh Endit, gampangkeun niyar duit. Batur mah pajeujeung jeung duit teh sabulan sakali.” Cek Wa Umi bari ngaleos ka tukang rek nyadikeun cai.
Ardita seuri ngeunah ngaraos kapuji, mani kembung irungna.
„Ari ayeuna digawe teh di mana Ka Endit?”
Eta pataranyaan teh teu ngeunaheun pisan kadengena ku Ardita mah. Naon anu kudu diterangkeun ku manehna? Mangkaning hareupeun Esih, kabogoh anu dipicangcam. Piraku atuh ari rek nerangkeun saujratna mah; Mimiti jadi tukang beca meunang sababaraha bulan. Tuluy jadi kuli di Pasar Senen, tukang monggekan karung tina treuk ka gudang atawa sabalikna ti gudang kana treuk. Ayeuna jadi kuli deui wae di palabuan Tanjungpriuk. Atuh irung anu tadina geus kembung teh ngadadak kempes deui. Ngan bisa keneh ari ngaruhul mah;
„Ayeuna mah kaka teh meunang pagawean anu hampang, jadi mandor di palabuan Tanjung,” walonna.
„Euleuh, atuh di dinya mah enggon barang.” Cek Ikah ngagedekeun hate Ardita.
„Puguh wae, puluhan gudang.”
„Atuh tereh beunghar Ka Endit mah,” cek Esih bari seuri marahmay sanajan keur ngemil rambutan oge.
Da eta mah harita, awak anu tadina asa rikes urut dipake monggekan karung teh ngadadak jadi seger walagri, dumeh ngadeunge omongan Esih anu asa ngusap sakujur awak. Estu nimateun pisan kadengeunana teh. Atuh puguh wae, irung anu geus kempes.