teh ngadadak kembung deui jeung sari-sari rebeh deuih.
„Wah, manasina kuli, bisa maok barang. Mandor mah ...”
„Bisa leuwih loba malingna,” walon Esih jeroaning ati. Ari pokna mah. „Sahenteuna atuh ari nu jadi mandor mah sok loba kauntungan.”
„Kauntungan naon atuh?”
„Hih, rupa-rupa wae,” tembal Esih deui.
Ardita asa apung-apungan ku sabab bisa ngobrol jeung Esih anu sakitu matak pikabongroyeunana teh. Atuh pikeun ngahaja ngabengbat, pok manehna ngarahul deui.
„Nya, insa Allah, dua-tilu bulan deui mah sugan kasorang jadi jalma beunghar.”
„Tah, geuning!” Cek Ikah meh bareng jeung Esih.
„Sukur wae, peupeuriheun nu di dieu, digawe saben poe oge taya pisan nyisana.” Cek Ikah nyambung.
„Meuli motor boh mobil atuh, Ka Endit!”, Cek Esih ngahatean.
„Nya doakeun wae, sugan pareng.” Walon Ardita deui bari ngaraos asa enya jadi jalma beunghar.
„Esih! Esih! Ieu cai bawa ka hareup!” Cek Wa Umi ti dapur.
Esih nguliat hudang tuluy ngaleos ka dapur. Ikah nyokot budakna anu keur ngoreK buku, sarta tuluy budakna dibawa ulin ka luar. Ari Wa Umi ti dapur teh tuluy ka cai, rek wudu, da geus wanci magrib.
Sok Esih nyodorkeun cai sagelas keur Ardita. Lalawuhna rangingan sakeler, dukuh sapiring, dukuh bawana Ardita tea.
„Mangga ngaleueut, Ka Endit!” Cek Esih bari brek deui diuk dina korsi. „Teu aya pangiringna tapi.”
„Wah, sok nyusahkeun ujur, manasina ka tatamu jauh.”
„Ih cai-cai atuh, tambah halabhab. Mangga geura, meungeung haneut.” Cek Esih bari nyokot dukuh tilu siki tina piring.
Ngadenge sora anu sakitu halimpuna, Ardita ngaraos genah, asa diayun-ambing. „Emh, mani hayang ngarangkui!” Omongna jeroaning hate.
„Kaka mah rek kaondangan ieu teh, ka Tanahtinggi.”