Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Oh, ka Bang Mian tea? Nangggap golek apan.” Tembal Esih.

„Enya, rame tangtu, da dalangna ti Bandung bejana mah. Pasindennna ti Bandung deuih, malah Upit bejana mah, Kumaha, rek ka ditu moal?”

„Kuring? Teu diondang kuring mah, Nu diondang teh uwa, tapi tadi beurang geus ka ditu uwa mah.”

„Keun wae teu diondang oge, da bareng jeung kaka ieuh. Hayu urang bareng wae, engke terus nongton ongkoh.”

„Aya deui wae,” cek Esih jeroning hate. „Bener cek wa Ita, randa mah dianggap awewe anu uduh digusur hampang dibawa.”

Ku sabab Esih balem wae henteu ngawalonan, pok Ardita nyarita deui, sari-sari ngolo jeung ngabibita:

„Hayu, urang babarengan! Geus lila ongkoh henteu nonton. Atuh, rek ka Pasar Senen heula, hayu.”

„Aya naon ka Pasar Senen?”

„Ih, biasa rek balanja, bisi hayang naon-naon, meungpeung aya kaka meungpeung kaka boga rejeki.”

Esih imut sarenyu, ingeteun deui ka taokeh jeung ka Tuan Narto. Tapi ari ku Ardita mah disangkana imut lantaran bungaheun diajak. Atuh pok manehna nyambung deui bari nambahan rahul; ngomongna lalanaun bisi kadengekeun ku nu lian.

„Ulah hariwang, sing percaya wae. Tah, ti dieu mimitina ka Pasar Senen, urang balanja heula. Tuluy urang lalajo golek. Di luar wae lalajo mah, teu kudu asup. Keun, kaondangan mah bisa isuk deui.”

Esih gogodeg, sarta pokna. „Ah, kuring mah loba pagawean ari peuting teh. Itu boga hanca kaputeun, puguh aya anu ngengken.”

„Allaaah, keun wae atuh pagawean mah, nu batur ieuh. Keun wae lah, ulah ngarep-ngarep upah ti nu ngengken, ti kaka ge aya ...” Cek Ardita bari kurujap-kerejep ngamaenkeun matana jeung kumasep. Atuh Esih jadi ceuceubeun pisan, sarta harita keneh pok manehna nanya kalayan henteu didinding kelir:

„Na, nanggap naon ka kuring teh? Pedah kuring randa?”

93