Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Eu, eu, lain, lain eta. Teu pisan-pisan. Taeun wae ieu mah. Bubuhan jeung dulur.” Cek Ardita arapapeureupeup.

Memang sajongjongan duanana repeh. Ardita teu nyahoen kudu kumaha nyarita satuluyna. Atuh Esih da ngarasa sebel, teu hayangeun nyarita deui. Nya lantaran bingung, jeung era deuih, Ardita permisi rek balik.

Uwa Umi anu tas salat sanggeus dibejaan ku Esih norojol sarta pok nanya:

„Naha buru-buru teuing, apan sore keneh?”

„Eta rek kaondangan tuda, bisi peuting manten.”

„Ajakan barudak jeung indungna ari ka dieu teh.”

„Mangga, sugan pareng calageur.”

Bari nahan kaera Ardita indit ti dinya, sarta ngucap sajeroning hate: „Dasar randa bengsrat! Sugan teh randa lindeuk, geuning bet jadi randa galak! Keun siah, moal teu beunang! Pira-u lalaki eleh ku awewe. Sakumaha sih kadigjayana awewe? Engke ge mo teu kabeuli ku pamere aing!"

Sapanjang jalan teu kendat dedengeun. Sora Esih anu halimpu teu leungit-leungit tina celina. Nya kitu deui rupana anu nya geulis nya sampulur, ngalangkung wae dina tetenjoanana.

Ti harita, Ardita masih keneh sok daek datang deui ka Esih. Tara lengoh, malah angkaribung ku babawaan, mawakeun Esih. Tapi Esih mah tara daekeun nemonan deui, sok buru-buru indit, atawa nyumput di kamarna. Atuh babawaanana kapaksa sok dititipkeun ka uwana, atawa anu bisa disakuan mah tara dibikeun saharita, diririkip wae ngadago-dago patemon jeung jinisna.

Najan kitu, boh uwana boh kapilanceukna, ngartiieun sagala anu dipimaksud ku Ardita teh.

„Alus atuh, geus jadi randa bengsrat ayeuna rek aya nu nyan-dung!” Cek Ikah ngagonjak.

„Jew! Kapalayna!” Tembal Esih.

„Daek boga anak tere, Esih?” Cek uwana deui ngaheureuyan.

„Aaaw! Anak tere kulubeun meureun!”

„Huh, aya-aya wae, Satungtung aya awewe jeung lalaki.

94