Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mah, sigana moal tengtrem dunya teh. Aya-aya wae pikagujrudeun teh." Cek uwana deui bari seuri.

„Kudu awewe kabeh meureun eusi dunya teh, ambeh tengtrem.” Cek Esih.

„Geuraheun, mangkaning ge awewe anu sok comel jeung cerewed teh.” Walon uwana.

Ikah nengahan: „Jaah embi teh, apan ayeuna oge di urang awewe kabeh saimah-imah.”

„Heueuh nya, karek inget. Jeung randa kabeh deuih! Kagila-gila teuing! Boa ka maneh ge aya nu hayangeun nyandung, Ikah!"

„Heuheuydeuh. Enya nya, can kapikir, Asa naon nya, mun dicandung! Boga salaki hiji ku duaaan ku tiluan. Eum!"

Ti harita tiluanana sering pisan alager-ageran ngagonjak Esih ngaeuhgeuykeun Ardita.

95