16
NU DICANDUNG
Sabada pasea jeung taokeh, Esih henteu digawe deui. Mangbulan-bulan manehna ngaligeuh, nganggur, teu boga deui pagawean. Nya dina mangsa-mangsa eta Esih sering natangga ka Ibu Emoh, istrina pangsiunan Komis Pos. Ari Ibu Emoh gawena teh kana dagang satimu-timu, sakapeung sok jadi tukang tadah barang ti kuli-kuli palabuan Tanjungpariuk babarengan jeung Nyi Mimi, sakapeung deui sok ngaloak barang-barang rumahtangga, kayaning pakean, radio, parabot belah-pecah jeung naon wae nu kapanggih. Di imah Ibu Emoh sering pisan Esih ngawangkong jeung Nyi Mimi anu samemehna kungsi babarengan sakareta. Ti Nyi Mimi sorangan Esih nyaho yen manehna teh dicandung ku anemer beunghar, jadi nomer opatna. Tapi ti wangkid salakina katarajang rugi gede tina usahana, kakayaana teh morosot deui, malah bandana oge meh ludes, dipake ngabayar ka ditu ka dieu. Atuh bojona anu opatna teh henteu kabalanjaan kabeh. Nya ku sabab eta, Nyi Mimi sok daek usaha macakal sorangan atawa babarengan jeung Ibu Emoh.
„Ah, nya kitu tea wae ceuceu mah daek dicandung soteh lantaran kabita ku banda, kabongroy ku kabeungharan jeung kabeuli ku pamerena anu lain saeutik harita mah. Memang, lamun ceuceu disebut kawin ka banda teh rumasa pisan. Tapi sok kapikir oge ku ceuceu, rek naon atuh daek dikawin ku lalaki lamun urang henteu jeung mandang bandana? Naha urang daek kawin kana kasusah lalaki? Coba wae, lamun urang daek kawin ka jalma kekere, hartina urang teh kudu kawin kana kasusahna ongkoh."
„Ari tuang raka, mandang naon ka ceuceu?" Cek Esih anu panasaran.
„Duka jero-jerona mah, ngan anu karasa ku ceuceu mah...