Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pedah bogohkeun wae, nya meureun rupa ceuceu anu sakieu goreng patutna...."

„Kumaha atuh ceuceu upami papayun-payun sareng anu sepuhna?"

„Nyaeta, puguh ceuceu mah nepi ka kiwari oge can pareng ditepungkeun jeung nu pangsepuhna mah. Nya kitu deui jeung nomer duana. Ngan ari jeung anu nomer tilu mah kungsi. Apan manehna teh maranan ka ceuceu, maseaan, majar ngarebut salaki batur, awewe pangarahan, pangeretan, malah teu euleum-euleum nyebut ungkluk sagala ka ceuceu teh. Ah, geus kitu wae sugan ceuceu kudu ngalaman dihina deungeun. Nu matak omat ayi mah ulah rek daek dicandung."

„Geuning ceuceu uninga yen eta maru, sareng uninga janten nomer opat?"

„Apan pun lanceukna balaka. Balaka soteh sanggeusna prung kawin, da memeh kawin mah ngakuna teh kakara boga hiji."

Sajeroning hate Esih nyarita: "Ayeuna oge nu diakuna wae opat soteh, ari anu henteu diakuna mah boa teu kawilang."

„Ah puguh oge matak nyeri hate, matak gering nangtung dicandung teh. Komo meureun anu kolotna mah. Jeung eta, nu karasa teh ngan sisirikan jeung sisirikan wae nu aya, taya pisan katengtreman hate salawasna oge. Mun teu dikiliran, sirik, jadi pikiran, da hawek tea bakatna jalma mah. Mun dibalanjaan, curiga, bisi nu kolot leuwih gede, mun dipangmeulikeun baju, curiga keneh, bisi nu kolot leuwih alus. Nya eta atuh, cek ceuceu oge dasarna hawek, hayang sagala keur sorangan. Jadi kotor wae hate teh, yi, jadi kotor! Jadi loba dosa!"

Ras Esih ingeteun kana pamanggih urang Kristen jeung urang Hindu, majar awewe mah mahluk dosa, mahluk anu kaancikan setan, gogoda anu pangkuatna anu kudu disingkahan ku sing saha anu hayang suci. Cenah, awewe teh rereged dunya, bibit pacengkadan, bibit huru-hara, malah sering kajadian dina sajarah oge awewe teh jadi bibit peperangan... sabab ari awewe teh panghudang napsu. Apan Nabi Adam oge digodana teh ku...

97