papada ngadukeun pakarang teh. Ambeh tereh lekasan perangna. Jeung ulah poho, Jaya, geuning ceuk kami basa keur aya keneh di dayeuh, kami mah ka maneh teh isuk wani sore wani!”
”Enung!” Ki Darga rada manghariwangkeun ku panutanana. Tuda najan enya ge panutanana teh lain bantrak-bantrakeun, najan enya ge rancage, tapi sakaterangna mah can ngarasa pisan ngayonan musuh. Kituna deui, najan sakumaha gagah rongkahna oge, apan manusa mah aya naasna. Angot ieu. Nyi Tanjung teh rada ngumbar teuing amarah. Jeung rada suaban teuing nu apan ceuk wangsit dina kasantikan jeung tata yuda oge, suaban sombong kitu teh pacuan dijalankeun ku sing sakur anu ngagem elmu kasantikaan.
Nyi Tanjung maphum yen panutanana manghariwangkeun ret wae ngareret sarta saurna rada haharewosan, tapi eces kadenge ku sakur nu caraket ka anjeuna mah,
"Kakang, sakali ieu mah wayahna wae tong ngaharu-biru kana karep tuang rai. Sareng keun wae atuh, sakali-kalieun mah si Jaya teh sina aya burihan. Ulah kecing alah batan hayam kabiri teuing,”
"Enung!”? saur Ki Darga deui bari marek ka panutanana. Ngadeg payuneunana sarta nyepeng kana pigeulangna. ”Satungtung kakang masih keneh bisa ngiceup cara nu rea asana can wayah pikeun ngantep Enung sina tarung sosoranganan.”
Sekar Tanjung melengek ngadangu kekecapan Ki Darga kitu teh. Aneh lain dikieuna, bet jol tingsareblak wae manahna. Tuda eta dua nonoman teh tos mangpirang-pirang taun reureujeunganana. Sasat ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Tapi salawasna oge Ki Darga teu weleh rengkuh ngadaban wae. Malum ka seuweu ratu nu sasat dipigusti ku inyana mah. Ari harita jaba ti sasauran leuleuy jeung leleb pinuh ku rasa deudeuh teh bet pohara karaoseunana ucap-ucap Ki Darga nyata dibarung ku lelembutan. Enya ucap-ucapanana teh bet bijil tina ati nu suci wening jeung geugeut asih nu taya hinggana.
Sekar Tanjung neuteup ka Ki Darga, socana beueus, tapi lambeyna siga nu deuk imut. Ngan ana heg nyarios,
”Kakang!” saurna mani haroshos. ”Pirang-pirang taun heubeulna rai dipeuseuh sarta diwulang elmu panemu jampe pamake ku