tuang rama miwah ku kakang pribadi teh. Tapi na iraha atuh mangsana eta panemu teh digunakeunana? Ku kituna, cing atuh sakali ieu mah pasihan kalonggaran. Hoyong ngabuktoskeun tos dugi ka mana jajaten diri teh. Mundur kakang! Wayahna mundur!”
Ki Darga teu talangke. Kolesed wae mundur, tapi angenna ratug. Terus ngareret ka Rangga Malela. Ti dituna mah ngumaha sangkan panutanana teu turun tangan pribadi ka Jayadipati. Tapi Sang Sunu anggur ngiceupan. Kawas masihan isarat supaya diingkeun wae nu palay naker jajaten teh. Keur kitu ngong deui Nyi Tanjung,
”Bisi paeh nyerengeh! Bisi perlaya bari rea kapanasaran, geura sambat indung bapa!”
”Lain wanci perang tanding ieu teh, Tanjung!”, Jayadipati nempas bari murukusunu. ”Na teu kaengeuh geus sakieu peutingna?”
”Ari kang Agus, wanci kumaha dipergasana ku maneh sabalad-balad? Pan tengah peuting jemplangjempling. Turug-turug harita teh anjeunna mah keur kulem tibra, da siangna tas nandonkeun nyawa pikeun numpes karaman tea. Inget keneh ta henteu, Jaya? Tah balad maneh nu lima puluh urang ieu ge marilu kabeh lain?”
Jayadipati kapeped da sagala caritana katakis wae. Jeung enya deuih kitu kajadian di tatar kaler basa caroge Nyi Tongkeng ditelasan teh.
Huleng wae mikir kuma pipetaeun. Tapi teu kungsi lila geus pok nyangangang. Ngahaja hayang pacental-cental da karepna mah hayang aya nu misah ambeh teu tulus tarung.
”Ulah ngumbar teuing biwir, Tanjung!” pokna bari rarat-reret neangan lolongkrang kosong. Tapi wadiabala Sumedanglarang geus aya di sakuriling bungking bari taraki-taki bisi aya nanaon. Atuh teg wae yen cenah kaya kieu mah geus taya deui jalan iwal ti kudu lahlahan. Pira pangawakan si Tanjung, naon kabisana? Ngan teu burung ari kaluar deui ucap mah, pokna, ”Maneh teh awewe, Tanjung! Cing atuh sing aya tatakrama!”
”Euleuh!, na kapalay teh kedah disembah kitu?” Nyi Tanjung mani nyeuleukeuteuk kawas nu ngagumujengkeun tongtonan nu