memang pohara pikalucueunana. Teu, teu deuk kami mah ngahormat nu kitu dodongesna. Tong boro di dieu, di hiji wewengkon nu jauh ka mana ka mendi, apan di hareupeun bapa maneh oge kami mah iraha teuing ngadaban ka maneh teh? Leuh, horeng jelema licik pelekik oge jenuk naker kapalayna, nyah!. Karek nya- ho kami mah. Leuheung naker pelekik oge lamun poloan mah. Da ieu mah tetela tai ka hulu-hulu. Nu bahaya teh letahna kawas bapana!”
Ari jep sasauranana ari srebet was Retuayu narajang. Cepet naker, jeung rikat pisan deuih. Pedang ngagurilap katojo ku sinar bulan nu pabaur jeung gedurna seuneu durukan. Ngan sasiet pedang Retnayu geus nyamber kana raray Jayadipati. Memang teu nyalahan, harita keneh oge dat wae aya raheut manjang tina lebah taar kana ruruncang irung. Ngan teu jero da tadi oge ukur dikautkeun meueusan. Ku Retnayu teh ngan dimangka aya ceda jeung ambeh biijil amarah Jayadipati teh.
”Tanjung!” Jayadipati ngusap beungeut ku tungtung raksukan. Ari enyaan mah geus luas buang-buang nyawa wegah-wegah oge kami teh kapaksa. Bongan geus kateuingan teuing deuih!”
Pasti, pasti kitu pijawabeun maneh teh, Jaya, saur Sekar Tanjung bari ngupat-ngapit pedang ka manehna! ”Boh bakal nyandang wiwirang lantaran kasoran, boh bakal unggul enggoning ngayonan kami, maneh teh memang kudu aya kawani saeutik-eutikeun. Sageuy gadang ratu agung leutik burih.”
”Teu, teu deuk kami mah, Tanjung!” saur Jayadipati bari terus mundur satungtung diangseg ku Retnayu teh. ”Kami mah teu tega ngarah pati anu geulis. Paling ge deuk mayar hutang cikeneh. Maneh geus nyedaan tarang kami. Tah kami ge rek ngaracakeun beungeut maneh anu sakitu geulisna. Rasakeun geura, Tanjung!”
Enya barina ngancam kitu teh najan tadina undur-unduran wae ge, inyana ngumpulkeun sagala kakuatan. Sarta barang pedang Sekar Tanjung ngahiuk ka lebah taktakna, Jayadipati ngagiwar. Plos wae heumbatan Retnayu teh nyacag angin. Dina keur ngeplos kitu rikat naker Jayadipati malik ngaheumbat satakerna. Jeung enyaan deuih inyana teh lain jalma