sabongbrong teuing. Da mani ngahiuk handaruan sora gobangna oge.
Ki Darga peureum bari meungpeukan raray ku dampal panangan duanana ningali bahaya nu deuk kaalaman ku panutan teh. Najan enya ge jalma asak di medan perang, najan enya guru kasantikan kadua sanggeus ramana, tapi ari ningali panutan siga aya dina picilakaeun mah manahna bet ngaleketey, malah kirang-kirangna mah geus kabur manten pangacianana oge. Ngan barang keur meungpeuk kitu, kadangueun Jayadipati ngagoak. Ari nyah beunta, kaayaan nu tarung geus robah deui da harita teh Nyi Tanjung geus cara tadi, nyeta terus nyereg ka musuhna.
Tadi teh, basa heumbatan Nyi Tanjung ngeplos ku digiwarkeun sarta Jayadipati malik ngaheumbat pedah aya kasempetan nu sakitu hadena. Lantaran sidik Jayadipati teh deuk nigas kana tenggekna. Tanjung cepet naker ngelok. Atuh ayeuna mah gobang Ki Jaya nu nyacag angin ari pedang Retnayu masih keneh dina lebah gedeng Jayadipati. Sabot gobang musuh neunggar angin, sarta sabot anjeunna ngelok, pedang kagunganana buru-buru dibalikkeun. Teu antaparah deui geduk wae tonggong pedang teh diheuneukeun kana iga burungna. Ti dinya Jayadipati nu rada ngabangkieung pedah gobangna milepas teh diketig deuih pigeulangna nepi ka pluk wae gagaman teh murag. Atuh nu bogana terus nolonjong kabawa ku tanagana sorangan nu asa dijongklokkeun ku datangna ketigan Retnayu.
Untung Jayadipati kaburu bisa merenahkeun dirina, tapi hanteu da gagaman geus aya dina taneuh. Ari Sekar Tanjung geus ngangseg deui bari terus ngupat-ngapit pakarangna. Jayadipati ngan ukur bisa tarekah ku jalan cungcat-cingcet. Tapi dasar nu dayut beuteung, ari heg pasisinghareup jeung Sekar Tanjung anu sakitu palekatna, atuh najan sakumaha hojah oge nyatana mah kacida ripuheunana. Karek ge ngagiwar ka katuhu, geus robah deui wae. Haben wae kitu nepi ka antukna mah datangna pedang teh mani kawas nu loba. Juljol ti kenca katuhu. Jayadipati kawalahan, sarta teu ieuh dirasa tadi mah, sabot cungcat cingcet teh geus aya welas kalina awakna kakaut ku congo pedang nepi ka anggoanana rungsuk-rangsak meh tembong orat. Mana cepil nu sabeulah