Lompat ke isi

Kaca:Rangga Malela 3.pdf/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sanggeus Jayadipati tetela teu usik teu malik mah Retnayu leler amarahna. Keleweng gobang Jayadipati dipangpengkeun, ari kagunganana dikana-sarangkanakeun deui. Geus kitu koloyong Retnayu muru ka Ki Darga, gabrug ngarangkul, gaur wae nangis bangun kanyenyerian. Rada lila oge nangisna teh. Sarta barang tos repeh nembe Rangga Malela muru.

”Aya naon saleresna ieu teh, Ki?” saurna ka Ki Darga nu keur ngalelemu panutanana.

Sekar Tanjung cengkat bari nyusutan cisoca ku tungtung raksukan. Teras nunjuk ka Jayadipati nu masih keneh teu empes-empes sarta dirarubung ku anak-anak buahna. ”Barawa, buru-buru barawa ti dieu! Meungpeung kami keur leler. Tong lila-lila, bisi kami kaburu kaduhung. Jor barawa ka Silalawi! Atawa los masing deuk dika-bapanakeun oge!”

Nu ngararubung tinglalieuk.

”Teu kaderenge ku gegeber nu sakitu rebing teh?” Sekar Tanjung ngahaok. Buru-buru barawa! Los, tong dililaila, bisi kami kaburu kaduhung!”

Regeyeng wae Jayadipati diparayang. Terus ngaraleos ti dinya. Teu kungsi lila bral wae arindit. Urang Kutamaya mani rame ngageuhgeuykeun.

Barang nu nilar pakalangan geus aranggang Retnayu mayun ka Rangga Malela. Sasauran dumareuda cisocana rembes deui,

”Gamparan!” saurna bari sesegruk. ”Jauh dijugjug anggang diteang. Abdi gamparan sareng tuang saderek teh tumut kana timbalan ngabujeng ka Cikahuripan. Nanging abdi gamparan keuna ku kalawisaya. Palebah curug abdi sarencang-rencang ditarajang ku balad si Langkara dugi ka meh sadayana carem. Mung abdi gamparan kalihna tuang saderek wae anu masih keneh aya dikieuna teh. Kitu oge awahing ku dijarurung laku ku maranehanana dina dangetna tarung campuh. Da basana dalah dikumaha wae oge abdi gamparan duaan teu kenging ngamonyah-monyah nyawa. Sareng kedah tepang sanggemna sareng nu angkat ka Madialaya. Awahing ku dipaksa, najan abot oge tungtungna mah abdi gamparan ngelehan. Nya tarekah sangkan luput ti nu ngarepung.

115